Rabu, 12 Februari 2014

Sajak-sajak Edi Rusyana Noer

EDI RUSYANA NOER



Antologi Sajak Sunda
GETIH AING PULAS TANEUH
2011       




SANDUK-SANDUK PAPALAKU


        Kalintang lami hoyong medalkeun buku Kumpulan Sajak Sunda the. Alhamdulillah tinekanan. Sajak-sajak nu tos medal bacacar dina majalah, tabloid, atanapi koran, kayaning Galura, M|angle, Pikiran Rakyat, Ganesha, Nepada, sareng sajabina ti kawit taun 2000 dugi ka 2009 dikempelkeun. Jumlahna aya 46 sajak dibukukeun ngangge judul: GETIH AING PULAS TANEUH.
            Diaku kalawan jujur sajak-sajak nu dibukukeun dina ieu kumpulan sajak kawilang seueur kakirangan. Namung dalah dikumaha jalaran kalintang peryogi tur minangka tarekah sangkan tiasa kabaca ku balarea di sagedengeun ngajaga bilih wae teu kapalire. Lebar ah, kenging hese cape. Mudah-mudahan tiasa oge kangge bahan aoseun tur apresiasieun landong manyun teu ngalaku. Sasieureun sabeunyeureun manawi aya mangfaatna kangge kamekaran sajak sareng hasanah Sastra Sunda.
            Kirang langkungna mangga nyanggakeun!
                                                                       


                                                                                     Ciamis, Februari 2011
                                                                                      Eddy Rusyana Noer


DAFTAR EUSI
Sanduk-sanduk Papalaku 
Daftar Eusi 
KAPINIS 
SUJUD 
SAGARA KAHIRUPAN MODEREN 
CANGKRUNGAN PANGANDARAN 
LONGKEWANG
EVERYTHING IS NOTHING III 
CAI 
SAJAK BANDERA 
SAJAK GAMBAR PANGHAREPAN 
LAKUNING LAKU 
BULAN KATIGA 
RINGRANG 
ANJEUN (1) 
BANGBALUH
MELODIES MAOT 
SAJAK GUGURATAN 
WANGKONGAN URANG
GETIH AING PULAS TANEUH *diangge judul buku/blog 
SAJAK ASBAK 
BANGBAUNGEUN 
AYA NU LEUNGIT 
BANGBARA HIDEUNG 
DI PUPUNCLUT NANGGORAK (1) 
PANGANDARAN MALEM ‘TAUN BARU’ 
TEU KUDU BINGUNG 
SAJAK SUMPAH 
RUAS JALAN KAHIRUPAN 
SABABAK CARITA DI NUSA PAKEL 
BANGKARAK KAHIRUPAN
SAJAK PAMEPER ANGEN 

 
 

SAKOTRET CATETAN TI PANYAWANGAN PANGHEGAR
CIAMIS 
GURAT KADAR 
AYA NU BEDA 
ANJEUN NU DITEUREUY KACEUCEUB 
HEUHEUY DEUDEUH 
IMAH 
TANJUNGSUKUR 
ERMAWAR JEUNG DUA JIWA 
ASIH NU NYESA 
SAJAK TEPUNG TAUN
BALAKA 
SAJAK DURIAT 
KABEBASAN 
GEDER PASUNDAN 
SAJAK HIJI NINI-NINI 
GAMBAR JIWA
TANGKUBAN PARAHU 
DIAH RUSYANA 
SAJAK KALANGKANG MAOT 
NYUNGSI 
DI PUPUNCLUT NANGGORAK (2)
ANJEUN (2) 
NAHA CANGCAYA 
NYIAR KABAGJAAN 
NYALIKSIK 
KAHARIWANG 



Sajak: Éddy Rusyana Noér


KAPINIS

Neuteup kapinis nu rabeng
tina munara jeung belenong masjid
lir harepen nu tingbelesat
ngudag mangsa balitungan

Lebah gurat waktu nu geus ditangtukeun
tina ijran wanci, kawilang samporét
lakuning kapinis kapegat mongkléng
jeung harepan mulangkeun panineungan
kana sayang sarakan asal pamiangan
diri urang séwang-séwangan

                                                Ciamis, 10121996



Éddy Rusyana Noér

                                    SUJUD

Peuting ieu kuring datang
nepangan Salira.
bareng jeung rabengna siraru
nu ngurubut lampu

Haté kebek ku rasa rumasa
Salawasna ngipuk salah metik dosa
najan manglaksa haréwos
haroshos beakeun sora

Dina sela-sela simpé
ngabudalkeun eusi haté
mangpirang bangbaluh hirup
ditembrakkeun ka Salira

Batin jumerit
bareng jeung laketeyna angen
pang sujudan juuh ku cimata
“Subhanalloh!” Ngetok panto asih Gusti

Ciamis, 05011996


 

Éddy Rusyana Noér

Sagara Kahirupan Modern

Lambakna teu reureuh motah
jeung angina nérététkeun sangkakala
méré tangara campuhna pirang-pirang kakuatan.
Kapal kasarakahan nagdudud medar jarring monopoli
nyiar kapuasan ku jalan ngucek sagara.
Darmaga tineung sapanjang basisir tingtrim
dipaké balabuh nafsu, pikeun ngawasa
lemah kadeudeuh jeung pulo-pulo kabagjaan.
Pamayang patingkocéak, taya basa ngasuh bulan
ngitung bentang pangharepan –sabab waktu–
ngaberung laju ngaradut jajantung.
Mun ngalarung lega laut saukur ngojayan késang
nyairan tulang dulur-dulur nu tiheula paragat.
Nu mayakpak lain bodas budah laut, tapi nanah katugenah
pameureutan migunung karang jeung kakawasaan tarik
ngabuntang-banting sagala.
: Saha nu pangheulana kalebuh lamun lain pamayang
nu lawas leungiteun boséh kaséréd ku lambak malik?
Di jauhna masih témbong gurat kadar nu nganteng
ngulinkeun nasib méméh datang gupay takdir.
Ari katir nu peunggas tina gagangna
jeung ruruntuk lembur kamelang
sasemet silih gupayan.
Basa kalebuh ngurebkeun saban harepan
taya nu bisa majar kumaha.
Lain mirucaan hirup ngan aya kapanasaran
hayang nyawang langit kingkin tina logak karumasa
nu aya di jero dasar sagara.
                                                            Ciamis – Gegerkalong, 04011996

 
 

Éddy Rusyana Noér

          CANGKRUNGAN PANGANDARAN
Di jojontor ngahaja matok mangpirang kasono
ngipuk binih asih na keusik di Pasir Putih
kanyaah digambar mirupa karang-karang ngarandakah
kadeudeuh diteundeun dina taringgulna batu-batu

Di Cangkrungan Pangandaran
nulis carita na tangkal
nulis carita na daun
ku mangsi getih

Sorangan nyawang saban pangparatan rasa
teu karasa, matapoé nyulusup kana sela-sela harigu
reup peuting na batin jurang nangtawing
datang angina, salambar carita na daun murag
kakalayangan

Tungkul, geuning sagara cimata sorangan
sababaraha lambar carita nungtut kalebuh
di Cangkrungan, muga aya sésa carita
téangeun jaga, biheung iraha

                                    Cangkrungan, 16071995



LONGKÉWANG
                                      Éddy Rusyana Noér

Ngitung laku milang léngkah
nyungsi diri teu timu-timu
Rék nyarita beakeun kecap
sésa rénghap méh paragat

Léngkah kandeg leungiteun jalan
diri kapahung palebah usik
ari gupay, ari gupay pangharepan
horéng kalangkang sorangan

Ngajanteng leungit udagan
sakubeng lumbung halimun
rék mulang deui ka asal
haté asa longkéwang

                        Ciamis, 06011996



 

Éddy Rusyana Noér
 (Pinunjul Harepan III)

Évérything is Nothing III

Jaga;
mangpirang implengan anu rabeng ngajamparing tunggang
jangjang kahariwang, biheung tepi ka wiati. Dumadi
wening, raib dileleg simpé. Gurat jalan kahirupan
éstuning hésé dibadé, sedeng diri kapahung palebah usik.
(“Cik uing batok kacang, tigebrus kana lombang…,”)
galindeng tetengger, nilar saban  panineungan.
Pangruereuhan geuning lewang, lewang pisan.
Jungjunan: mun isukan matapoé kapireng meleték deui,
boa-boa beurang geus lain keur urang!
Sanggeus capé milamg ringkang, macaan lalakon lawas.
Rék ka mana, rék kumaha aweuhan ukur kahayang nu témbong
kari rorongkong. Biorama kahirupan, musieum simpéning simpé.
- Aya kelemeng kalanngkang, rék lunta kapegat mongkléng.
Lapat-lapat: Sora anu telekinan.
(baheula-ayeuna-jaga; sajatining carita, gembleng rusiah anjeun-Na)

                                                            Ciamis, 1712199








Éddy Rusyana Noér
 Cai

Sagelas ciherang keur dijampéan
Cai, hérang
hérangna rasa manusa
najan kiruh tara lila
kekedekna namper menebkeun dosa
nembrakeun rasa rumasa

Cai, tiis
tiisna pikir
tumarima kana kadar
arék réa, rék saeutik
mangfa’at keur kahirupan

Cai ngocor
ti girang ka hilir
ngocorkeun kasono
mapay manjangkeun baraya
nyiram halabhab kanyaah
malidkeun ririnyed hirup
di laut ngeueum kadeudeuh

Cai, sajatining cai
jangji anjeun-Na
sungapan safa’at
talaga rohmat
sagara ni’mat
di sawarga
keur saha?
                                        Ciamis, Januari 1997


 
 

Éddy Rusyana Noér

Sajak Bandéra
(sabada nongton berita ‘na TV)


(“Berkibarlah benderaku, lambang suci gagah perwira ...”)
handaruan sora tembang saban lapang
“Merdéka! Merdéka!” ceuk peureup meuni baruleud
pésta rakyat pésta pora, obyagna samadhad papat
duldel mangpirang acara, sukuran kamerdikaan
“Mari kita bahu-membahu mengisi kemerdékaan!”
tingkelentrung ruas awi sapaneukteuk.

lagu sukur ngagalindeng ngiringkeun karangan kembang
nu ngabayak, meulitan saban tetengger
jelegur, jelegur, mariem ngarencah jagat
(“Dengan seluruh angkasa raya memuji pahlawan negara ...”)
hariringna marengan nu tingharuleng
ngaléor barisan taptu, nilar kalangkang samoja.

Peuntas ditu, abringan rumaja bulé
pésta ngaduruk bandéra, Mérah Putih ngabebela
bencar sakabéh kuburan, usik tulang usik bugang
kapireng harudang deui tina saban liang lahat
amarah kagila-gila kahuru hangit bandéra
tinggulandang, ngabring ti saban kuburan
ngajaringjing haur konéng, bari hantem ijigimbrang
tangkorak reujeung tangkorék, ngabaris jeung ngagorowok
“Merdéka! Merdéka! Ti dieu ti pakuburan tina sajatining markas
markasna para pajuang, urang ngaduakalian perang campuh
pikeun nanjeurkeun bebeneran. Merdéka! Merdéka!
Majuuuuu!!!!!!
rabeng tingkalayang tunggang jangjang séwang-séwang
ngahiliwir seungit bangké, ngajorag nagri kanguru.

“Merdéka! Merdéka!” ceuk peureup meuni baruleud
nu harirup palebah alam ayeuna, alam genah tumaninah
bari anteng sila tutug, yawang ringkang unggal bugang
(“..., siapa berani menurunkan engkau, serentak rakyatmu
membéla ...”) hawar-hawar sora tembang ti saban-saban kuburan
teu hadé sumput salindung!

                                                                  Ciamis, Januari 1997






 
 

Éddy Rusyana Noér

Sajak Gambar Pangharepan
-(bari émut ka Kang Tatang Sumarsono)

Gambar.
Piguraning wajah nu nguger jatining wanci
pikeun rupa-rupa warna leuwih atra batan
gambar pangharepan nu ngajeblag
dina kanvas kahirupan.
Saleuwihna rohangan simpé nu hamo katara
sanajan mangpirang rupaning warni
dipulaskeun sakabéhna.
Sanyatana aya lolongkrang nu pasti,
ambahan koas rasa pikeun ngaréka-réka
gurat sawangan.
Gambar sajatining gambar harepan,
tuduh jalan poé panjang; nu dipulas
hideung bodas dina kanvas kalanggengan.

                                                            Ciamis, 03121996

Éddy Rusyana Noér

Sajak Antara Urang
-keur Rosyid É. Abby

Urang sarua keur silanglang
di leuwi hiang, bari mencrong
salikur matapoé nu ngagedur
ngaduruk lemah kadeudeuh.
Naon nu rék diwakcakeun
mun pareng aya nu nanya
Saha nu mapandékeun bulan
ka béntang nu laliar peuting?
Sabab gening matapoé nu salikur
muncereng ngemu timburu
Pédah urang ngumbar birahi jiwa
bareng nyaliksik langit karisi,
nalungtik jatining usik.
Urang pada-pada kalangsu, teu bisa
mépés kahariwang.
Padahal getih nu ngabareureuman leuwi
tina tapak suar kahirupan, can reureuh ngocor.
Ari leuwi nu ku urang di silanglangan,
mimiti ngorotan.
Naha urang rék hantem micangcam bulan
atawa ngerebek neuleuman simpé?
                                                            Ciamis, 03121996

 

Éddy Rusyana Noér

Lakuning Laku
-Haturan Kang Abdullah Mustappa

Ijiran wanci naralap taya robahna
antara nu kasampeur jeung ditinggalkeun,
aya kecap pangwilujeng.
Ngajajarna wingwilangan harepan mirupa
patok-patok lalakon sapanjang jalan sorangeun.
Mun lunta, rangkuleun antara meunang jeung luput
sabada dibalitungkeun méméh mulang ka sarakan
jati sungsang.
Ari gupay pikeun kujur-kujur limbung
nu ngeumbing jiwa marudah, ngan saukur pangbagéa
sangkan reueuh sakerejepan; nangtukeun isarah batin
jeung maca tangara rasa.
Matapoé ukur cicirén wayah pikeun nu miang
jeung mulang malikeun simpé, sabab jatining
udagan: Umur –ukuran panjangna lulurung ka alam kubur—
(naon deui nu kudu dipadungdengkeun; sabab sajatining
sora nyalira dina simpé)
Jempé, dibérok dikepung mongkléng -- leuwih hadé—
sab’ mongkléng nyeukeutan rasa, nambah awasna
panénjo batin.

                                                            Ciamis, 02121996



Sajak: Éddy Rusyana Noér

BULAN KATIGA

Bulan katiga kabeurangan
Ngalayang, sorangan
kakalayangan
Panas beurang
tiris peuting
ngésétan bola katineung
anu nganteng tina lebah batin kingkin
can kaburu dipulutan
Jeprut mantén: nu nyésa kari peurihna
ngasuh bulan, kumalayang

                                    Ciamis, 24071997


 
 

Sajak: Éddy Rusyana Noér

RINGRANG

Acining asih gumulung jadi bangbaluh,
ngaheumpikan duriat.
Jungjunan; lain  ngangluh ku mentrangna matapoé,
tapi hariwang ku layung nu mapag peteng.
Sieun  peuting marojengja jeung bulan susulumputan,
nyinglar purnama méméh datang samagaha.
Maksakeun mépéndé simpé, nimang-nimang lelembutan
nu hantem ngabarungsinang.
‘Na implengan nu kasawang cucuk rungkang,
pirang-pirang kacangcaya jeung rorongkong
iman nu mimiti nulang-naléng.
Haté sungkang manggih beurang
nu baris nembrakeun lampah

Sarining qolbu, gumeter pemeper angen,
saban rénghap nyebat-nyebat asmaning Salira.
Dina amparan sajadah, sujud, sumegruk
ngawakcakeun ketak lawas nu mindeng méngpar.
Kajongjonan ngasah péso kadzoliman
dina lolongkrang katresna jeung cinta
nu langgeng ngantengkeun deudeuh.
Pager pakarangan rasa, rembet
dibeulitan areuy mangsa sésa lampah-lampah bédang:
nyusur waktu nyaliarakan kamunafikan, nyekék tangkal
kayakinan.


                                                Ciamis, 20111996






 
 

Éddy Rusyana Noér

ANJEUN (1)

Anjeun nu leubeut kadeudeuh
anjeun anu jembar kanyaah
…. dipatri ku welah asih

Dina rasa miraga sukma
anjeun nitip asih nu haqiqi
nunda manglaksa kanyaah
nu natrat ngagurat kadar
sangkan rasa rumasa
maneuh pageuh micangcam
sahiji ngaran:
asmaning asma mépéling diri

Teuteup anjeun….
….pameungkeut paheut kareueus
gupay anjeun, gupay katresna
imut anjeun panineungan
diri anjeun pangharepan
geusan isuk: sajatining pangbalikan

Ciamis, 23111996
















  
 
 

Éddy Rusyana Noér

BANGBALUH

Hawa kasusah, nyongkab….
hareudang bayeungyang
ngoprot kesang nahan kahayang.
Langit asih pinuh lalangsé
méga rasa lamédong
gurat kayakinan katambias, diri ngoropos
Gumulungna  kabingung,…
pikir hangit, mirun seuneu dina dada
gelap dor-dar ting burinyay dina tarang
panon lahir panon batin cumalimba
teu lila….
….ngagebrét hujan cimata, caah kanalangsa
(bédah bendungan émpang kamelang)

Di dieu,…
di tungtung kabingung
di jalan pangharepan nu méh buntu
lalaunan aya geter-geter angen
malipir lalamping ati awor di jojontor kasono
lebah sédong tikoro, haroshos ngucap lapadz pegat-pegat
(Bis…mil…lah…hir…rakh….man…nir….rakhim!)
Bismillah pameper angen
panyinglar aral subaha.



Keur: Ayu Bérliani Putri Rusyana
Di corat-corét ku The KLICK Man
Édisi Nov 1992





 
 

Éddy Rusyana Noér

MÉLODIÉS MAOT

Sok hayang ngajéwang bulan, mubat mabét matapoé
hanjakal éstuning luhur, moal tepi ku pangajul

Sok hayang ngabédah méga, ngarakrak rangggeuyan bentang
hanjakal éstuning anggang, hamo kadongkang ku hontal

Sok hayang nguras sagara, mendet sakabéh muara
sangkan ngolétrak dadas korédas
ngarah teges tuduh jalan poé panjang
lulurung ka alam kubur

Sok hayang nguyab daratan, nyeuseuh lemah satangkarak
sangkan ngalangkang unggal hibar kingkilaban
nu burakrak wangun-wangun pangharepan
bugang dosa nulang-naléng, pasoléngkrah megat ringkang

Opat juru tihang dunya, mun hadé dijuringkangkeun
sina urug alak paul, nutupkeun lambar lalakon
(tibra saré sakedepan, barang lilir poék mongkléng
sorangan, ngambah alam sarwa ahéng!)



Tungtung poé, 15 Ags. 1995
KLICK man Studio – Ciamis




                   





 



Éddy Rusyana Noér

SAJAK GUGURATAN                                         
(haturan Kang Agus R. Sarjono)


(Ari nu ngaran manusa, dihirupan sina méta
sungut irung ceuli mata …, dijieun diréka-réka)
Tik pelik purbaning bayu;
hirup sajatining usik
awasna
            angseuna
                        danguna
                                    rasana
                                                teu ngaboga-boga
ukur do’a:
satékad saniatna
salaku lumakuna
sing diijabah
(satemena hirup ti nu hirup keur nu hirup
nu rék hirup, nu tas hirup; awal ahir
mulang deui ka nu hirup salawasna: Dzat
nu kagungan hirup acining hurip)



Tungtung poé, 15 Ags. 1995
KLICK man Studio – Ciamis













 
 

Éddy Rusyana Noér

WANGKONGAN URANG

Wangkongan urang teu kebat
létah kaburu balélo
langit nahnay pulas getih
sagara kahirupan ngagolak topan rongkah
jagat génjlong gonjang-ganjing
méga pangharepan kakalayangan
beuki anggang, anggang pisan
“Naon deui nu rék dipadungdengkeun?”
bulan bencar lebah belegbegna peuting
sedeng diri beuki jero
beuki mebes na leutak kateudayaan
roroésan, taya geusan pamuntangan
regang-regang tingarulang ngajauhan
bari rampak ngawih tembang pileuleuyan
“Wilujeng paturay!” ceuk anjeun bari rambisak
Mungkas wangkongan megatkeun duriat
lebah keclap tungtung rénghap

                                                                Sanggar Nulis KLICK man
                                                                        Ciamis, 5111995













 
 

GETIH AING PULAS TANEUH
(keur Ayu Bérliani Putri Rusyana)
Éddy Rusyana Noér
Di juru rohangan simpé
nu lawas ngampihan haté.
Manteng ngalenyepan tapak lampah
nu natrat ‘na lelembutan ; hideung.
Lamédong, nékad megatkeun urat-urat rasa
nu salawasna nyaliarakeun gétah jeung binih dosa
Ngajarajag...
Getih aing pulas taneuh, ka mana
ari beureumna?  
Karérét, dina témbok nu lukutan
ngadaplok pigura tineung
sinangling ngaranggeum foto anaking.
Horéng itu; beureum-beureum getih aing
nu bersih disuling batin sucina jiwa anaking,
muga sing langgeng beureumna dina sungsum balung anjeun.
Sanajan témbokan dada jeung sungapan sajatining asal, tambah
caméwék.
                                                              Malébér,  Désémber 1999



SURAT
Éddy Rusyana Noér

Song amplop
Gap ditampanan tampanan
Terrrrrrrrrr ...
… haté ngageter
(emut ka anjeun!)

                                                                        KLICK man studio – Ciamis
                                                                        April 1998

 
 

SAJAK ASBAK                           
Éddy Rusyana Noér
         
Kuntung hayu, sekar mangga;
kumaha mun kuring siga asbak?
(sok hayang)

Haseup ngelun tina tungtung kuntung;
lunggak-linggek siga imbit bidadari
katepak angina; sakaba-kaba
lalaunan peuyar
taya kecap taya ucap
taya béja panganggeusan
(horéam!)
                                                                        KLICK man studio – Ciamis
                                                                                    28 Juli 1995


BANGBAUNGEUN
                                       Éddy Rusyana Noér
Nyobaan ; nitip asih
nunda kanyaah
neundeun kadeudeuh
(geus loba dipulung batur)

Ngahaja ;   Mais asih
nyeupan kanyaah
meuleum kadeudeuh
(geus asak dijait batur)

bangbaungeun ieu haté;
naha jangji lanca-linci?
(nu leupas tina gedogan,
sok hésé dikadalian!)
                                                                        KLICK man studio – Ciamis
                                                                        Maret 1997

 

Sajak: Éddy Rusyana Noér

AYA NU LEUNGIT
Karisi mimiti nyiki, rimbil
dina lémpéngan daging minuhan lalamping ati.
Ngacambah jadi binih karumasa
nu neba jeroeun dada.
Lain teu wasa ngawakcakeun; ka Salira.
(Salira Maha Uninga)
Lain  mungpang gurat kadar
palias nebihan Salira: Paralun!
Dina diri, karasa aya nu leungit
ku alatan salah nunda.
Na di mana mustikaning jati?
Méméh raga dipénta mulangkeun sukma,
hayang timu heula jeung kasatiaan.
Sieun, sieun sungsang pati kuring
sukma teu mulang ka Salira.

                                                  Kotamanis, Januari 1997






















 
 

Sajak: Éddy Rusyana Noér

BANGBARA HIDEUNG

Bangbara hideung; nu mindeng euntreup nyeuseup kembang cinta,
hanaang lawas teu manggih madu kaheman. Pulanganting ti mumunggang
ka tegalan, ti gunung ka gunung séjén nyungsi sari-sari asih
dina saban putik kembang. Tapi kembang-kembang tresna nu marangkak
éstuning sungapan garing. Tina bingung, bangbara
hideung marurung. Nu ngahiung lain sora humariring, tapi
jerit batin liwung. Bangbara hideung ngadaweung handapeun
tangkal campaka nu keur gering jeung mimiti ngarangrangan, gilig niat
musjamédi ngadadago mangsa datang campaka kembangan deui.
Ganti poé pasilih beurang jeung peuting, bulu Bangbara hideung boléas
kapanasan kaibunan. Duka bulan ka sabaraha, campaka renung
sirungan tepi ka hibar kembangan, nyambuangkeun seungit asih
kareueut madu kahéman. Sapasang nyiruan taman oléng tresna
sabada nyeuseupan madu, tatangkeupan sosonoan: papuket
Ragrag ka lemah ninggang Bangbara hideung
nu keur depa; sabada mesatkeun nyawa.

                                                                        Ciamis, 23111996


















 
 

Sajak: Éddy Rusyana Noér

DI PUPUNCLUT NANGGORAK (I)

Dua kali nincak pupunclut Nanggorak
Kahiji; baheula mangsa rumaja
teu kungsi nunda carita,
kadua; ayeuna mangsa umur condong ngulon
karasa aya nu béda

Di pupunclut Nanggorak
lila niténan kuriling bungking;
Batukaras beulah kulon tepung jeung
Gunung Galunggung nu ngajega
maseuk dayeuh Sakapura,
béh kalér Gunung Cireméy
nu ngeumbing tatar Kuningan,
beulah wétan Nusakambangan
ngambang na beungeut sagara,
ka kidul mah paul-bodasna laut
nu ngeplak ngagurat langit

Di pupunclut Nanggorak
aya nu ngajak galécok;
angin
gunung
langit
laut
matapoé jeung sakabéhna
sangkan éling, geusan
maluruh lakuning kujur
nalungtik jatining usik

Pupunclut Nanggorak
mémang lain Jabal Rahmah atawa Raudoh,
tapi keur kuring taya bédana …
pikeun nyawang saban pangparatan rasa
nafakuran kaagungan Salira



                                                                        Nanggorak, Désémber 1996








 
 

Sajak: Éddy Rusyana Noér

PANGANDARAN MALEM ‘TAUN BARU’

Langit lénglang diawur béntang. basisir beuki haliwu
ku kandaraan jeung jalma nu teu reureuh nganteg, kawilang
hésé malik heurin usik; lir daray asinan layang ngarédés saamparing basisir.
Jumegur ombak awor jeung gumuruh musik tina tip jeung ti diskotik
ngayun-ngambing lelembutan nu keur sasar, hanaang ku kani’matan saliwatan
parat satungtung deuleu horeng kujur- kujur limbung. Tengah peuting bulan tilu parapatna ngangkleung luhureun embun-embunan, manco ketak mangpirang-pirang lakuning manusa nu ngabayak di basisir; ti Cangkrungan parat ka Pamugaran.
Wanci sagiclek deui --taun baru--, dina detik nu panungtung
jam dua welas pas, ngahéang sora sirine ditéma ku sora kandaraan, sora klakson, sora tarompét, jeung sora-sora séjéna awor -- ngagederkeun ceuli parat
kana haté jeung jajantung --
Malem Taun Baru, ngahudang sagala ....
Langit, laut, katut basisirna ngadadak ngempur; mangsa réwuan kembangapi
Tingbelesat ka wiati rabeng ka jomantara ngahibaran mumunggang mangsa
jeung sukma-sukma marudah nu keur tibelat, kapidangdung indung peuting, raga nu pasoléngkrah ditinggalkeun jatining rasa nu kalimpudan kabungah. Poho ka asal jeung rereged mangsa ka tukang. Jep, jempling--ciciren wanci baganti--.
Taun anyar, haté asa sumérédét karék inget yén hirup aya tungtungna, jero dada aya kahariwang, jerit batin gumalingging murubut hujan cimata nyeungceurikan catétan lampah lamédong lambaran taun kalarung. Tina rasa pangtungtungna aya kulisik jatining hurip, jati sungsang ngageterkeun lelembutan sukma jempling sakedapan tumerap rasa kasieun: sieun isuk poho ka poé kamari, sieun léngkah kasasar nebihan gusti!!!



Pangandaran tungtung taun 1996


 
 

Sajak: Éddy Rusyana Noér

TEU KUDU BINGUNG

Teu kudu bingung ku pacul
traktor geus ngaburudul
étém songhék samping rabét
hijikeun jeung parang rompang
kurungan make dudukuy
garu, garit, gasrok, jeung wulukuna
alat nyawah kumpulkeun jeung anu séjéna
nu karitu geus katinggaleun zaman
unggulkeun tengah kotakan urugan ku jarami garing
hég duruk tibatan bingung ngampihkeun
lumayan lebuna ngurangna subsidi gemuk

Teu kudu bingung ku usum
cai curcor, binih unggul, racun hama
tepi ka harga gabahna geus di atur ku ti luhur
tong maliré anak incu nu leungiteun tatapakan
geus taya hartina barudak apal macul babaladah
mindoan, ngaloyok, ngagaru, ngagarit
tebar, daut, tandur, ngarambét, ngayuman
nyalar, dibuat, gadéng, gacong, gogorontong
pocong, bondot, gédéng, sangga. Éstuning taya hartina
mending titah sarakola diajar sagala rupa
sangkan singer palalinter
teu kagaley pangaruh robahna zaman

Teu kudu hanjakal ku mangsa
nincak abad millénium, pan
patani meujeuhna sugih teu hantem
ngaruru daki, rarapih maraké dasi
mun kawerat meuli Mérsi, bari teu poho ka Maha Suci!
 
                                                                                                    Ciamis, Mei 2001

SAJAK SUMPAH
Éddy Rusyana Noér

Saréréa,
mahat tulang séwang-séwang
ngukir balokan kapeurih
nu ngajeblag pulas getih
‘na rohangan saban dada

(“Kami putra-putri Indonesia, mengaku….”)

Harita,
ngagolokgok ngagolontor ti saban genggerong
muncrat ka lemah tambaga
ngahuru sumanget  

Kiwari,
méh ngabangkarak; deudeuh teuing nu hara’at
kapahung palebah usik

Jaga,
naranggeuy roncéan kembang
maca mangpirang tetengger
di kuburan jero dada nu gudawang;
bugang sumpah butatayan
rorongkongna dipanjang di saban kantor

( r é i n k a r n a s i ?)



KLICK man Studio, 10-9-‘95








 
 

RUAS JALAN KAHIRUPAN
Éddy Rusyana Noér
Mangpirang harepan rabeng ngajamparing
niruk saban lolongkrang harepan, najan
manglaksa kateudayaan hantem
meulitan gondéwa jamparing batin
kapireng ngolébat deui lebah implengan nu tadi
hanjakal kéncaeun haté, tarahal jalan sorangeun
can wasa nyawang mangsa; nu ngabulungbung bras
ka pajaratan, “Gusti… geuning diri nu buligir, katalimbeng!”
ruas jalan kahirupan éstuning hésé dibadé
sungkan tepung sedeng awak sataranjang
nu ngeumbing jiwa marudah micangcam pirang-pirang harepan
roroésan lebah tungtung katumbiri silanglang di leuwi hiang
mépés haté, ngumbah rasa, meresihan sasebit kahayang
sangkan buleud kayakinan ka Dzat nu murbéng alam
‘sab hirup teu weléh jéér, lain teu kabita ku jabar
atawa péés nu salawasna di luhur, di mana waé éstuning iklas
asal aya dina rido-Na, gerentes haté leutik
ti sajeroning dumadi wening.




KLICK man Studio – Ciamis 2000
















 
 

Éddy Rusyana Noér

SABABAK CARITA DI NUSA PAKÉL
(haturan téater Jagat Kawali)

Dina liuh-liuh pinus
sisi sawah biwir situ
nusa disimbut halimun
sapoé sapeuting, rumaket
jeung ngaliglagna alam
nu kawilang daria. Dua nusa silih teuteup
silih teuleuman kadeudeuh, lebah ulekan kanyaah
gumulung jatining asih salega umpalan cikahuripan.
Biwir situ gurat kadar pulas kayas,  kembang taraté
ngabayak marangkak sapanjang sisian takdir
nusa urang séwang-séwang.

Matapoé cumorérét, beulah kulon
langit ngempur hurung nangtung
basa kalong tinggeleber, haliber
rabeng tina jero dada urang.

Dina belegbegna peuting
ngacacang ngumbar lamunan
tunggang jangjang kahariwang
mupu béntang satangkeupan,
“ … assolatu horium minannaum!!! “
mapag beurang Nusa Pakel mimiti ngulisik deui  
angina leutik ngahiliwir leuleuy nawurkeun tineung.


Pabeubeurang, parahu nyiriwik

nyuit kulit beungeut situ. Basa mulang
nusa, situ,sawah, langit, jeung sagala
ngemu rusiah. Lebah pengkolan panungtung
ngaliwatan tetengger kuburan, haté ngadadak galécok
“Sabaraha deui jatah umur urang?”
Sajajalan, kabayang pucuk hanjuang
semu leuleuy ngagupayan.



Nusa Pakél Panjalu,  190995









 
 

Éddy Rusyana Noér

BANGKARAK KAHIRUPAN

Bangkarak kahirupan ngahunyud jeroeun dada
pagalo jeung runtah pangharepan; mirupa calana bolong,
kaos kaki, kaos oblong, sapatu rajét, cangcut butut,
sawaréhna, ngampar handapeun ranjang kateudayaan
dipaké sayang cucurut. Lebah dieu, léngkah mindeng ti solédat
marengan zaman nu angar, alam dunya asa kawilang harénghéng,
bebeneran katalimbeng, hukum dijualbeulikeun,  bugang moral
butatayan , birokrasi pajeujeut, hirup diayunambing kateupastian
palu hakim mindeng mabok, tampolana sidang di parapatan, sisi jalan 
émpér toko,  kios roko,  warung baso nambahan unggulan kapeurih
bangkarak kahirupan jero dada sewang-sewang; racun keur anak incu
Zaman ‘instan’, umur ‘instan’, “Deudeuh anaking, mangka iyatna!”
Na sajadah aya sétan, “ … hayalassolah … hayalassolah … ”
masih aya cikarak; geuwat wudu
aya kénéh batu démprak, gancang solat.

KLICK man Studio – 190995





















 
 

Éddy Rusyana Noér

SAJAK PAMEPER ANGEN


Bissmillahirrahmanirrahim …
(Bismillah pamepeper angen)

Bismillahi

Rahmani rahimi
(welas asih – Na)

welas asih
(saha, nu saha, ti saha, keur saha)

ha?
(?)

(mana, nu mana, ti mana, ka mana)

na?
(?)

(aya dina rido – Na)


 KLICK man Studio                     
 Ciamis, 27 Juli 1995









 
 

Éddy Rusyana Noér

SAKOTRÉT CATÉTAN TI PANYAWANGAN PANGHÉGAR (panineungan pra-kongrés V ams haturan Kang Endang R.S.)

Dina méja nu taplakna bodas nyacas,
lilin ngajajar cahayana linduh sarohangan
nyaangan parasmanan, kayaning: bistik,
sop buntut, spagéti, capcay, jeung naon deui
réa nu teu apal ngaranna.

Ngariung jeung inohong Bandung
di panyawangan Hotél Panghégar.

Biduan  sampulur
ngahaleuang ‘Bubuy Bulan’
pamundut kang Érwin
di pirig ku tingkeletrékna sora péso
kana piring alas.
(Kang, bistik téh geuning liat, daging sapi
atawa kuda? Jeung ari ieu naon siga citajén,
majar sop burung ala Éropa?
(Euleuh geuning alun-alun aya di kalér?)
’’Kapan tempatna nu muter dusun!“
(Naha kira-kirana ieu moal runtuh?)

Hébat lur, di Bandung aya nu kieu.
“Bandung urang!” ceuk Kang Uu Rukmana bari ngadayagdag.
(Kang, kuring mah hayang dahar, da di lembur mah dahar
nu jiga kieu téh keur dahar mayor ngaranna.)

Kacipta, lamun Si Bungsu harita milu
Leuh, céplakna.
                                                                     Bandung, 4 Désémber 1993

 
 

Éddy Rusyana Noér

CIAMIS


Ciamis,
Mojang manis rambut panjang galling muntang di makuta Gunung Sawal
Halis nu ngajelér ti pamoyanan tepung di situ Panjalu
Mirupa kongkolak panon nu nyumiratkeun carita sajarah
Lalakon lawas tin sela-sela lelebna paneuteup
Biwir ipis pinuh kakaren sésa kajayaan Galuh
Nu diserat natrat na batu tulis di Kawali
Jalan-jalan urat kahirupan paturangteng seueur lombang
Jeung tatambalan mirupa solokan saat
Lebah dada jantung kota iklan rokok nu masieup pendopo jeung gedong dewan
Masjid Agung saamparan Taman Raflésia
Udel anjeun puseur kajayaan Ciung Wanara palebah Karangkamulyan
Rahim suci geus medalkeun kota Banjar
Nu merejel tina robahna aturan
Pingping bitis nu sampulur
Dampal suku tepung jeung basisir laut kidul
Masih rorombéheun kénéh teu kabujeng kaparios
Sesah milari resép perda anyar
Sesebitan gosip di sambung-sambung jadi mozaik informasi
Mojang manis nu di murah-maréh
Harepan nu ngajamparing katalimbeng
Mojang manis kapahung palebah usik
Saha nu tanggung jawab?


Kota Manis, 18 Juni 2006




 
 

GURAT KADAR
                                       Éddy Rusyana Noér

Tihang-tihang kahariwang
pataréma jeung leungeun harepan
nu teu weléh ngaragamang
ti saban lolongkrang Isola
na tangkeupan saampar taneuh Lémbang
néréptépkeun binih kembang
nu marakbak marangkak sirung atikan
ti langit murudul kembang malati jeung émawar
nyawér haté nu guligah
hasil maksud metikbuah kabagjaan,
“Subhanallah!” muka lawang gurat kadar
léngkah anyar nu pinuh ku kayakinan.


Rohang Pasca UPI, 290588.


















 
 

AYA NU BÉDA
(catetan mulang ka lembur)

Kénging: Éddy Rusyana Noér

Taun kali;
meneran aya papait, lebaran, atawa hajatan kulawarga
karék mentingkeun mulang rurusuhan, asa diudag-udag anjing édan
alatan pajeujeut jeung rupa-rupa kaperluan
nu lain caritakeuneun, rumasa kariweuh dijieun ku sorangan

Basa harita mulang;
aya nu béda, ingetan kabawa lampar ku jorélat gupay daun jagong
nu ngabaris sapanjang sisian jalan, ngaplakna sawah nu kaliwatan
rohaka ngajak rasa ngaguar catetan mangsa keur budak

Inget kénéh;
sapanjang solokan éta mindeng pisan nguseup beunteur, marak udikan,
ngarempyég hurang gérémé, milu nyair nyomotan lauk tina sair kana korang
saban nini rapih nyérogkeun sairna, sabangsaning; sepat buhun, betik, paray,
kalan-kalan nu beunangna oray kadut karawu jeung jukut murungkut

Lebah palangkakan walungan cagak;
pangojayan, hanjat mapay darmaga metikan buah loa, katulampa, lajagoah
jeung amismata, parat ka tungtung lembur tuluy mupu kilalayu, ngerag-ngerag
buah salam, moal poho kana rasa bungbuahan nu kadahar mangsa budak najan
létah mindeng murak durén montong, léngkéng bangkok, apel fuji, pir yéli, jeruk sunkis jeung mandarin, mipit huni satangkeupan dilolocok dina bungbung
dirujak jeung boros combrang rasana unik teu éléh ku rujak cuka,
gado-gado, salad atawa jaksin cina

Sampalan peuntaseun jalan;
éta mah pangangonan, tarurun tina tonggong munding maraén gangsing, gatrik,
gobag solodor, barén, atawa maén tekosan, kaulinan harita leuwih resep
batan golf, ténis, baskét atawa bola karanjang
meneran munding garuyang, brak maruka timbel nu di bungkus upih jambé
resep balakécrakan leuwih ni’mat batan di diréstoran atawa dina hélatan
manjing asar méméh mulang mulung rangrang lumayan sahurun suluh
ngabeberah haté indung sangkan hawu tetep hurung bari ruhay
teu kungsi ngamodal minyak tanah atawa élpiji

Sila tutug luhureun salu talupuh;
pipir goah nyocol sambel nu ngalimed, peda buntung, jéngkol ngora,
ngariung sakulawarga teu ribed saperti dina rohang méja makan

Silihsampeur méméh magrib;
maruru ka tajug leutik, silihwuruk jeung ngaderes,
taya nu nyingsal ka dugem atawa asup diskotik, cukup narakolan bedug
bada isya migawé péér sakola, dadapangan dicaangan damar téplok
meuntas sapertilu peuting diajar tahajud, mulang bada salat subuh,

 
mantuan indung sasapu saméméh nyarap, rebun kénéh geus pamitan ka sakola

lain tumpak mobil sédan, leumpang opat kilo méter bari ngungkug
palias telat di jalan kuriak disetrap bapa kapala atawa palaur dihukum guru
nu kacida di piajrih pantes digugu ditiru lain dipaké timburu

Gusti.....
tutungkusan laku karalung catetan lampah keur budak hamo kaalaman deui,
hésé palér najan geus nyanghulu ngalér

Ciamis, Agustus 2007





















 
 

ANJEUN NU DITEUREUY KACEUCEUB
(In Memorim for Wiji Thukul)
Kénging: Éddy Rusyana Noér

Anjeun nu leukeun nyaliksik kapeurihna jalma leutik
Tetelepék kana saban-saban haté jalma kéré
nu lawas nyangkéré teu kapaliré
ku pangagung nu adigung
Daria anjeun tumanya ka unggal sungapan rasa
jalma-jalma nu katalangsara 
ngeunaan kahayang maranéhna
nu katalimbeng
nyungsi jatining asih nu meulitan batin kingkin fakir miskin
Tuluy anjeun ngotrétkeun eusining laku kalarung
jeung lolongkrang poé panjang
jadi pirang-pirang sajak
 keur nembrakkeun kanyataan nu cénah matak pamali
mun kabuka balaréa sab wiwirang keur pangawasa nu ngarasa kumawasa
narima pirang-pirang panggeureuh nganggap anjeun biang kaririweuh
 anjeun teu reureuh tambah maceuh
tatag nyarita hantem muka-mukakeun kadzoliman
jeung kateuadilan
Anjeun jadi inceran curuk pangawasa nu diisaratkeun ku rayapna mata-mata
pisir bedil jeung samakta aparat nu ngabarungsinang
Anjeun terus bajoang najan ngaran anjeun geus digurat mangsi beureum
anjeun tambah deukeut dipimeumeut bulutaneuh
dipikanyaah cacah nu katidersa
dipiasih buruh leutik nu lawas ngemu kapeurih
Kangewa pangawasa geus teu kaampeuh amarahna ngagulidag teu katadah
anjeun dianggap nyebarkeun fitnah nyababkeun rayat barontak
jadi wani demonstrasi
Anjeun pinter sumput beling  jeung aparat nirca 
nu teu boga rasa kamanusaan

 
Anjeun diteureuy kaceuceub

lir disumputkeun jurig ilang teuing ka mana
leungit teuing ka mendi
ku saha?
Anjeun nunda carita catetan sajarah
salawasna baris nyangkaruk na kalbu
nyelap na manah ngampih salebeting ati
nyaliara mapay urat-urat rasa
ngahudang rasa rumasa
 ti sasama 


Ciamis, Agustus 2007


HEUHEUY DEUDEUH
(Teu Merenah)
Kénging: Éddy Rusyana Noér

Bos Ageung ngagégag:
disarengan putra buahna nutur-nutur biang sampéan
bras ka Bunihéhéh Désa Sadanaros lirén sakedap di bumina Mastaka Desa
Omhang di balémalang:
disarengan  pun bojona sabada ngamulah-mulih dinten apok
meungpeung socadinten teu ngeureujeup
Disuguhan tuang:
rencang sangu kawilang rantak ti kawit pais imbit meri
endog soca sapi, lapis ilat domba, goréng sampéan hayam, pindang manah
guramé, sop tuur  munding, jéngkol anom, lalab kunir sami-sami biang panangan
Ngaleueutna:
cai enén suam-suam tanggay
ngumbah baham ku jeruk babaran Garut
Ciamis, Agustus 2007



 


IMAH
                                                                                         Éddy Rusyana Noér

Tumpukan rahab kahayang
ngahunyud saampar lelemah rasa
minuhan tolowéngkar nu teu weléh burahay 
ngahuru embun-embunan
Hayang imah
 impian urang duaan 
wujud harepan tina gurat-gurat sawangan
mirupa gambar bagja
nu diwangun ku ungkara waktu
Manahoréng
sigrong téh ukur teuteupan
saleuwihna
ngalangkang rohangan simpé
imah balé balitungan.

                                                                                                 Belender, Januari 2009


TANJUNGSUKUR
                                             Éddy Rusyana Noér

Di mumunggang nu nenggang
ngarandeg
sarénghapan malikan léngkah ka tukang
mapaykeun tineung sapanjang tarahalna jalan harepan
sarénghapan deui nyoba nganjang ka pagéto
ngabibita haté nu teu weléh marojéngja
ngawawaas isukan ...
... mun kapireng hiliwir angin katingtrim
nebarkeun binih asih
muka lawang pangabetah
di Tanjungsukur
 sarakan anyar katincak
muga mawa tawekal
nyungsi diri
ngalap barokah.

                                                                                         Tanjungsukur, Januari 2009  



 


ÉMAWAR JEUNG DUA JIWA
                                                                                                   Éddy Rusyana Noér
Ligarna émawar éndahna rasa
kukupu
nyeuseup madu
émawar oyag-oyagan
semu teu iklas

Basa bulan ngarandakah
émawar ngagalindeng
ngabeberah dua jiwa nu keur mongkléng
mangsa madu asih maranéhna
muncrat saharita 

Émawar mireng muguran
dua jiwa
nyandang kahariwang
                                                          Ciamis, Novémber 2001






ASIH NU NYÉSA
                                                                                            Éddy Rusyana Noér

Basa haté kabulusan cinta
ngadégdég

Haneut moyan
sahaneut paneuteup jeung imut anjeun
sanajan ukur implengan

Ramo-ramo kasono ngagupay
lir oyag daun kihujan
meruhkeun rasa nu pangtungtungna

Kareungeu
galindeng anjeun ti kaanggangan
nyaliarakeun deudeuh
mapay urat-urat jajantung
asih nyesa sanajan méh ngabangkarak                                                                 

                                                                  Ciamis, Novémber 2001






 


SAJAK TEPUNG TAUN
keur: Ayu Bérliani Putri Rusyana
                                                                                                        Éddy Rusyana Noér

Umur anjeun panceg lima taun.
Petétan bagja ngarandakah
jero taman pangharepan
sapanjang
sisian haté.
Kadeudeuh
jeung kanyaah
salega amparan sukma.
Anaking: Imut anjeun, genclong
       sorot soca anjeun meruhkeun
                    ketug jajantung mépés
                               saban kahariwang.
                                  Ijiran wanci laju
                                  mingkin samporét.
                                    Kanyaah indung
                                      harepan bapa
                                     natrat ngagurat
                                     sangkan anjeun
                                    tinemu bungah                                            
                           jeung bagja salawasna.
    Éta pangdu’a nu iklas keur anaking
    pupuden haté kembang soca
    beubeulahan nyawa indung
     jeung bapa 
                                                                 
                                                                 Ciamis, 6 Desember 1996

                    BALAKA
                       Éddy Rusyana Noér

Basa urang tinggéléhé
aya kecap nu ngabéntar haté
anjeun wakca kapaksa ngagadé rasa
midua cinta
Saharita
najan dada ngagolak
raga katali rumasa
Murudul bangkarak trena
ninggang dada nu gudawang
tulang-taléng pasini asih
raclik nurihan sanubari
angin haliwu nyaliarakeun biukna tatu
Janari leutik hayam réang kongkorongok
natalépakeun béja
yén asih aya nu ngagunasika
                                                                    Ciamis, 02111996

 


SAJAK DURIAT
(keur: Nur J.M.)
                                       Éddy Rusyana Noér

Teu kedah ku lisan
létah mindeng tisolédat
cekap ku geter haté
sab asih téh jero alahbatan laut
Hamo tepi ku panggero!
                                        
                                         Ciamis, 21091999


KABEBASAN
                                      Éddy Rusyana Noér

Niténan lauk
nu ngagéboy jero aquarium
Ras ka awak
nu ngalénghoy
jero alam karaméan
Taya bédana
pada-pada ditalikung
Sab kamerdikaan
ukur jadi kacapangan!

                                           Ciamis, 12101999



GEDER PASUNDAN
(keur: N’ko Cs)
                                            Éddy Rusyana Noér

Ulah tumanya soal sunda ka urang Sunda
sab urang Sunda geus teu nyunda
hadé kotéktak tangkarak jagat
paluruh lulurung waktu
baca baris-baris buku
aya béja ajén Sunda
leubeut di nagri Walanda
N’ko ...
aya kacinta?
gederkeun dayeuh Pasundan

                                                      
                                                   Ciamis, 01092000




 


SAJAK HIJI NINI-NINI
(Sabada Nongton Berita ’na TV)
                                                       Éddy Rusyana Noér

Hiji nini-nini
nangtung lanjung
teuteupna kosong
sepa, ngabigeu
nyaksian saung bututna digusur
jongko tagogna dibedol
dipaksa dititah nyingkah

        Hiji nini-nini
        saurang tina sapirang-pirang
        dulur urang, jalma leutik
        nu katidersa, nu dirobeda
        nu kasiksa, nu dinaha-naha;
        nu hirupna teu leupas tina cocoba

Hiji nini-nini
nu geus saateun cimata
nyeungceurikan nasibna;
“Naha bener kuring kaasup bingbilangan
di antara maranéhna atawa hirup kuring
saukur jadi bangbaluh?” ceuk gerentes haténa

        Hiji nini-nini
        nangtung lanjung
        teuteupna kosong, pasrah
        ngadadago poé isuk   
       poé-poé balitunga
        mangsa sagalana; bakal
        nembrak!
                                                             Ciamis, 09091996


 


GAMBAR JIWA
(Keur: Gilang Raja Putra Rusyana)     
Éddy Rusyana Noér
Poé isuk; gambar sataranjang
teu kaungkara piguraning wayah
rajétna haté kakucek rupaning warna
pulas rasa nu teu weléh marojéngja
gumulung jadi mangpirang gurat sawangan
mirupa tapak koas dina kanvas tan wangenan

Ya Allah
taya nu nyumput mungguh Salira
sedeng batin nu teu weléh ngajangjawing
campuh jeung kahariwang
rupa-rupaning cét getih
mimiti kintel ngagibleg
hideung lamédong

Aya gerentes nu leungit
lebur satengahing jempling
Sapasang paneuteup
mimiti ngahaneutan jiwa
ngalumérkeun bekuna haté
nu méh ngabangkarak
dina gambar sataranjang
Teu kungsi ngarti teu perenah apal
keur naon dijieun diréka-réka
sakabéh nu aya dina awak sakujur
geus teu ieuh dipiwanoh

Laun-laun
gambar jiwa butatayan ngabangkarak
marengan musnahna gurat kaangkuhan     
Batin jumerit mangsa ramo-ramo kasono
hantem nanceb-nancebkeun  patok bates waktu
balitungan, sajero muter ingetan; poé isuk
geus teu bisa kagambarkeun!


                                                     Ciamis, 07052006











 

 TANGKUBANPARAHU
                                              Éddy Rusyana Noér

Ti tutugan nyurungkuy muru pupunclut
lir magma  nyurungkeun napsu
tina ulekan pangharepan nu ngagolak
mudal na tungtung embun-embunan
bakal muncrat jadi nanah lahar katugenah
mun kahayang teu kaburu katedunan

Sajajalan mapay tanjakan tarahal
sapanjangna aspal ruksak
pinus, angin, tongérét
ngawurkeun panalék
awor ngajak padungdengan

Anjog ka nu dituju matapoé tuturubun
sakubeng lumbung halimun
siga ngahaja ngajak salingkuh
nyumputkeun sagala ketak
jeung laku-laku kalarung
anu mindeng kapidangdung

Samar-samar
sakuriling jurang jungkrang nu nangtawing
mirupa céda gudawang
sapanjang sisian haté usak-usik kahariwang

Méméh mulang
kabayang kalangkang bangkarak dosa
bari rusuh rerencepan mupus tatu
ngubur pirang-pirang kahanjelu
dina taringgulna batu-batu

Nyorang pudunan
mimiti karasa aya nu béda
dada kebek ku rasa rumasa
hamo kaungkara ku basa
Tangkubanparahu
jadi saksina

                                         Ciamis – Lémbang  Januari 2009



SAPULUH OKTOBER
                                         Éddy Rusyana Noér
Getih!

                                                  Ciamis, 10102000

 


DIAH RUSYANA
                                      Éddy Rusyana Noér

Sabot Diah milang ringkang
macaan lalakon lawas
sajajalan padungdeng jeung lelembutan
Rarancang éndahna hirup
burakrakan sakabéhna
Katiga jeroeun dada
nu halabhab ku kanyaah
matapoé ngaduruk embun-embunan
Sapanjang jalan hirupna
bet rungseb ku cucuk rungga

Léngkah Diah nu marudah
ngarandeg na tungtung rénghap
sorangan nyawang sorangeun.
Diah lunta terus lunta
nyukcruk lamun nyiar sugan
nimu rorotékan tresna
Beurang peuting panas hujan
keur Diah taya bédana
nu karasa ngan saukur katunggara

Anjog ka lebah sampalan
sajorélat aya kelemeng kalangkang
ramo-ramo kasono mimiti ngeleter deui
sagara cintana nu lawas ngolétrak
beueus katinggang hujan implengan
nyiram awak sataranjang
laju sasar ka alam anyar kasorang

Ngulisik éling
Diah sadar yén hirup ngudag lamunan
matak ngarajétkeun haté ngaruksak awak sorangan
mending mulang ka sarakan jatisungsang
mapay jalan kanyataan nu natrat nyampakkeun bagja
“Moal salawasna peteng!“ ceuk Diah bari rumahuh
dina sela rénghap anyar
                                          
                                                         Ciamis, 20081995










 


SAJAK KALANGKANG MAOT
                                                                                               Éddy Rusyana Noér

tina lolongkrang simpé
kasawang
malakal maot

ngalangkang
hideung bodas
gurat kahirupan
wates katangtuan
meruhkeun karajaan napsu

reg ngarandeg
jalan carita
nu fana
jero
alam nu lamédong
melengkungna luhur langit
 antara pasaran
nu ngakut kujur
dibeulitan boéh rarang

kahanjakal geus taya guna
dina ngadadago
kaputusan
nu
haqiqi
?

                                                                Kotamanis, Désémber 2007




















 


NYUNGSI
                                                                                           Éddy Rusyana Noér

demi nu ngarana cinta
harepan ngajaul
ngaprak rohang jeung waktu
nyusur juru-juru arbain
muru darajat
nu luruh tan wangenan
nembus karajaan alip
nyungsi
kakasih sajati

                                                                                          Kotamanis, Januari 2007



DI PUPUNCLUT NANGGORAK (2)
                                                                                     Éddy Rusyana Noér

nyorangan
di Nanggorak
ti punclut mumuntuk kawilang luhur
témbong sagala
atra melengkungna langit legana sagara
jegur ombak
haréwos angina
dilenyepan sakabvhna

nyorang
dimabok kacinta nisbi
éndah dunya
ngan sajorélat
nawurkeun kani’matan semu

nyora
haroshos manjatkeun do’a
ngajujut riwayat jeung kasadaran
 kasono anu haqiqi
tingtrim dina rangkulan
welas asih-Na


                                                                                      Nanggorak, Novémber 2007







 


ANJEUN (2)
(keur Diah Rusyana)
                                                                           Éddy Rusyana Noér

kuring apal tur sadar
sakuduna mikacinta
sarta
ngamulyakeun
anjeun

dukateuing atuh
kalan-kalan kuring metegreng
padahal
sajujurna
anjeun geus kawilang leuwih
babakti tur ngabdi

ieu kuring
nu karék bisa cacarita
can perenah prak
méré tuladan

hampura
sok sugan
ku
pangampura jeung kamurahan anjeun
manten-Na
ngahampura
jeung
méré kamurahan
nuduhkeun jalan
ka surga
nu
geus diasupan anjeun
leuwih ti heula

                                                                            Kotamanis, Fébruari 2007














 


NAHA CANGCAYA
                                                                       Éddy Rusyana Noér

remen
kuring nepikeun kajujuran
jeung
kaikhlasan

anjeun
taya bédana
cangcaya
atawa
teu percaya

teu nanaon
abong sifating manusa
tongboro
ka
kuring mahluk nu laif
jeung
bebeneran nisbi
ka
Allah sareng rosul-Na waé
nu nepikeun
bebeneran nu haqiqi
masih kénéh réa
nu
teu percaya


                                                                        Ciamis, Maret 2007



NYIAR KABAGJAAN
                                                                       Éddy Rusyana Noér

Naon nu ku urang dipilari
salami ngambah sagara?
Parahu waktu
hayu urang bawa balabuh
di darmaga kanyataan
Jungjunan:
urang tangkeup
 tangkal-tangkal kabagjaan
urang pupu
buah-buah pangharepan

                                                        Ciamis,  Désémber 2008


 


NYALIKSIK
                                                                                           Éddy Rusyana Noér

sapertilu peuting
nyaring
dumeuheus ka Salira
ngalangkungan roncéan do’a
nu palid ku gulidag cimata

aya kaéra
nyumput dina ati sanubari
mangpirang panalék
pangakuan-pangakuan
ditembrakkeun
ngaliwatan kajujuran

taya jawaban
sigana ngahaja teu ngajawab
atawa
memang pantes teu kudu dijawab
satuluyna
jaga
naha sanggup
nepungan Salira?

                                                                   Ciamis,  Maret 2007




KAHARIWANG
                                                              Éddy Rusyana Noér
kahariwang
maksa batin ngaprak rupaning warna
nembus wates rohang jeung waktu
antara samar teu katambias
hideung bodas
nawurkeun pananya
ngeunaan kayakinan jeung kacintaan
anu mindeng dibohongkeun
tepi ka ngabingungkeun
nyasarkeun
meulitan katangtuan
leungit rupa
dina kateudayaan
di mana anjeun
Rob?
                                                                            Ciamis,  April 2007

















 Biodata Pangarang


Éddy Rusyana Noér
 EDI RUSYANA NOER



Lahir di Ciamis 20 Juli 1966, resep nyerat ti kawit SD, kantos ngadegkeun sanggar nulis The Klick Man.  Taun 1999 dilélér layang pangajén Penyair Muda Pinunjul ti LBSS. Dina taun 2000 janten nominasi widang puisi LBSS, taun 2004-2005 pinunjul katilu widang sajak LBSS. Sajak-sajakna dimuat dina Galura, Manglé, Pikiran Rakyat, Ganésha, Népada, SéMA. Sapalih lebet dina Sarebu Sajak Sunda kenging Ajip Rosidi, jrrd. Ayeuna teras aktif nyerat. Tugas sadidinten salaku Kapala SMPN di Ciamis. Aktif di organisasi profési ogé kamasyarakatan, di antawisna PGRI, KNPI, BKKNI, AMS, MDI, sareng sajabina. Janten Redaktur sareng Pingpinan Umum Tabloid Pendidikan GANESHA, Majalah SéMA, Pingpinan Umum Galuh TV. Gaduh bojo geulis kawanti-wanti someah kabina-bina wasta Diah Rusyana, tos puputra Ayu Bérliani Putri Rusyana geulis ngala kaibuna sareng Gilang Raja Putra Rusyana manis oge ganteng kalem ngala ka ramana. Sapiri umpi sami-sami resep tur micinta kana seni sareng sastra. Tara ngukut kabingung atawa miara kasusah, hampang-himping hirup taya bangbaluh. Dumuk di RT 05/09 Lingkungan Belender, Kelurahan Malébér, Kecamatan/Kabupaten Ciamis. Kode Pos 46214

Judul Buku: GETIH AING PULAS TANEUH