EDI RUSYANA NOER
Antologi Sajak Sunda
GETIH AING PULAS TANEUH
2011
SANDUK-SANDUK PAPALAKU
Kalintang
lami hoyong medalkeun buku Kumpulan Sajak Sunda the. Alhamdulillah tinekanan.
Sajak-sajak nu tos medal bacacar dina majalah, tabloid, atanapi koran, kayaning
Galura, M|angle, Pikiran Rakyat, Ganesha, Nepada, sareng sajabina ti kawit taun
2000 dugi ka 2009 dikempelkeun. Jumlahna aya 46 sajak dibukukeun ngangge judul:
GETIH AING PULAS TANEUH.
Diaku kalawan jujur sajak-sajak nu
dibukukeun dina ieu kumpulan sajak kawilang seueur kakirangan. Namung dalah
dikumaha jalaran kalintang peryogi tur minangka tarekah sangkan tiasa kabaca ku
balarea di sagedengeun ngajaga bilih wae teu kapalire. Lebar ah, kenging hese
cape. Mudah-mudahan tiasa oge kangge bahan aoseun tur apresiasieun landong manyun
teu ngalaku. Sasieureun sabeunyeureun manawi aya mangfaatna kangge kamekaran
sajak sareng hasanah Sastra
Sunda.
Kirang langkungna mangga
nyanggakeun!
Ciamis, Februari 2011
Eddy Rusyana Noer
DAFTAR EUSI
Sanduk-sanduk
Papalaku
Daftar Eusi
KAPINIS
SUJUD
SAGARA
KAHIRUPAN MODEREN
CANGKRUNGAN
PANGANDARAN
LONGKEWANG
EVERYTHING IS
NOTHING III
CAI
SAJAK BANDERA
SAJAK GAMBAR
PANGHAREPAN
LAKUNING LAKU
BULAN KATIGA
RINGRANG
ANJEUN (1)
BANGBALUH
MELODIES MAOT
SAJAK
GUGURATAN
WANGKONGAN
URANG
GETIH AING
PULAS TANEUH *diangge judul buku/blog
SAJAK ASBAK
BANGBAUNGEUN
AYA NU
LEUNGIT
BANGBARA
HIDEUNG
DI PUPUNCLUT
NANGGORAK (1)
PANGANDARAN
MALEM ‘TAUN BARU’
TEU KUDU
BINGUNG
SAJAK SUMPAH
RUAS JALAN
KAHIRUPAN
SABABAK
CARITA DI NUSA PAKEL
BANGKARAK
KAHIRUPAN
SAJAK PAMEPER
ANGEN
SAKOTRET
CATETAN TI PANYAWANGAN PANGHEGAR
CIAMIS
GURAT KADAR
AYA NU BEDA
ANJEUN NU
DITEUREUY KACEUCEUB
HEUHEUY
DEUDEUH
IMAH
TANJUNGSUKUR
ERMAWAR JEUNG
DUA JIWA
ASIH NU NYESA
SAJAK TEPUNG
TAUN
BALAKA
SAJAK DURIAT
KABEBASAN
GEDER
PASUNDAN
SAJAK HIJI
NINI-NINI
GAMBAR JIWA
TANGKUBAN
PARAHU
DIAH RUSYANA
SAJAK
KALANGKANG MAOT
NYUNGSI
DI PUPUNCLUT
NANGGORAK (2)
ANJEUN (2)
NAHA CANGCAYA
NYIAR
KABAGJAAN
NYALIKSIK
KAHARIWANG
Sajak: Éddy Rusyana Noér
KAPINIS
Neuteup kapinis nu rabeng
tina munara jeung belenong masjid
lir harepen nu tingbelesat
ngudag mangsa balitungan
Lebah gurat waktu nu geus
ditangtukeun
tina ijran wanci, kawilang samporét
lakuning kapinis kapegat mongkléng
jeung harepan mulangkeun
panineungan
kana sayang sarakan asal
pamiangan
diri urang séwang-séwangan
Ciamis, 10121996
Éddy
Rusyana Noér
SUJUD
Peuting ieu kuring datang
nepangan Salira.
bareng jeung rabengna siraru
nu ngurubut lampu
Haté kebek ku rasa rumasa
Salawasna ngipuk salah metik dosa
najan manglaksa haréwos
haroshos beakeun sora
Dina sela-sela simpé
ngabudalkeun eusi haté
mangpirang bangbaluh hirup
ditembrakkeun ka Salira
Batin jumerit
bareng jeung laketeyna angen
pang sujudan juuh ku cimata
“Subhanalloh!” Ngetok panto asih Gusti
Ciamis, 05011996
Éddy Rusyana Noér
Sagara Kahirupan Modern
Lambakna teu reureuh motah
jeung angina nérététkeun sangkakala
méré tangara campuhna pirang-pirang kakuatan.
Kapal kasarakahan nagdudud medar jarring monopoli
nyiar kapuasan ku jalan ngucek sagara.
Darmaga tineung sapanjang basisir tingtrim
dipaké balabuh nafsu, pikeun ngawasa
lemah kadeudeuh jeung pulo-pulo kabagjaan.
Pamayang patingkocéak, taya basa ngasuh bulan
ngitung bentang pangharepan –sabab waktu–
ngaberung laju ngaradut jajantung.
Mun ngalarung lega laut saukur ngojayan késang
nyairan tulang dulur-dulur nu tiheula paragat.
Nu mayakpak lain bodas budah laut, tapi nanah katugenah
pameureutan migunung karang jeung kakawasaan tarik
ngabuntang-banting sagala.
: Saha nu pangheulana kalebuh lamun lain pamayang
nu lawas leungiteun boséh kaséréd ku lambak malik?
Di jauhna masih témbong gurat kadar nu nganteng
ngulinkeun
nasib méméh datang gupay takdir.
Ari katir nu peunggas tina gagangna
jeung ruruntuk lembur kamelang
sasemet silih gupayan.
Basa kalebuh ngurebkeun saban harepan
taya nu bisa majar kumaha.
Lain mirucaan hirup ngan aya kapanasaran
hayang nyawang langit kingkin tina logak karumasa
nu aya di jero dasar sagara.
Ciamis – Gegerkalong, 04011996
Éddy
Rusyana Noér
CANGKRUNGAN PANGANDARAN
Di jojontor
ngahaja matok mangpirang kasono
ngipuk
binih asih na keusik di Pasir Putih
kanyaah
digambar mirupa karang-karang ngarandakah
kadeudeuh
diteundeun dina taringgulna batu-batu
Di
Cangkrungan Pangandaran
nulis
carita na tangkal
nulis
carita na daun
ku mangsi
getih
Sorangan
nyawang saban pangparatan rasa
teu karasa,
matapoé nyulusup kana sela-sela harigu
reup
peuting na batin jurang nangtawing
datang angina,
salambar carita na daun murag
kakalayangan
Tungkul, geuning
sagara cimata sorangan
sababaraha
lambar carita nungtut kalebuh
di Cangkrungan,
muga aya sésa carita
téangeun
jaga, biheung iraha
Cangkrungan,
16071995
LONGKÉWANG
Éddy Rusyana Noér
Ngitung
laku milang léngkah
nyungsi diri
teu timu-timu
Rék nyarita
beakeun kecap
sésa
rénghap méh paragat
Léngkah
kandeg leungiteun jalan
diri
kapahung palebah usik
ari gupay,
ari gupay pangharepan
horéng
kalangkang sorangan
Ngajanteng
leungit udagan
sakubeng
lumbung halimun
rék mulang
deui ka asal
haté asa
longkéwang
Ciamis, 06011996
Éddy Rusyana
Noér
(Pinunjul Harepan III)
Évérything
is Nothing III
Jaga;
mangpirang implengan anu rabeng ngajamparing
tunggang
jangjang kahariwang, biheung tepi ka wiati. Dumadi
wening, raib dileleg simpé.
Gurat jalan kahirupan
éstuning hésé dibadé, sedeng
diri kapahung palebah usik.
(“Cik uing batok kacang, tigebrus kana lombang…,”)
galindeng tetengger, nilar saban panineungan.
Pangruereuhan geuning lewang, lewang pisan.
Jungjunan: mun isukan matapoé kapireng meleték
deui,
boa-boa beurang geus lain keur urang!
Sanggeus capé milamg ringkang, macaan lalakon
lawas.
Rék ka mana, rék kumaha aweuhan ukur kahayang nu
témbong
kari rorongkong. Biorama kahirupan, musieum
simpéning simpé.
- Aya kelemeng kalanngkang, rék lunta kapegat
mongkléng.
Lapat-lapat: Sora anu telekinan.
(baheula-ayeuna-jaga; sajatining carita, gembleng
rusiah anjeun-Na)
Ciamis,
1712199
Éddy Rusyana Noér
Cai
Sagelas ciherang keur dijampéan
Cai, hérang
hérangna rasa manusa
najan kiruh tara lila
kekedekna namper menebkeun dosa
nembrakeun rasa rumasa
Cai, tiis
tiisna pikir
tumarima kana kadar
arék réa, rék saeutik
mangfa’at keur kahirupan
Cai ngocor
ti girang ka hilir
ngocorkeun kasono
mapay manjangkeun baraya
nyiram halabhab kanyaah
malidkeun ririnyed hirup
di laut ngeueum kadeudeuh
Cai, sajatining cai
jangji anjeun-Na
sungapan safa’at
talaga rohmat
sagara ni’mat
di sawarga
keur saha?
Ciamis,
Januari 1997
Éddy
Rusyana Noér
Sajak Bandéra
(sabada nongton
berita ‘na TV)
(“Berkibarlah
benderaku, lambang suci gagah perwira ...”)
handaruan
sora tembang saban lapang
“Merdéka! Merdéka!”
ceuk peureup meuni baruleud
pésta
rakyat pésta pora, obyagna samadhad papat
duldel
mangpirang acara, sukuran kamerdikaan
“Mari kita
bahu-membahu mengisi kemerdékaan!”
tingkelentrung
ruas awi sapaneukteuk.
lagu sukur
ngagalindeng ngiringkeun karangan kembang
nu
ngabayak, meulitan saban tetengger
jelegur,
jelegur, mariem ngarencah jagat
(“Dengan seluruh
angkasa raya memuji pahlawan negara ...”)
hariringna
marengan nu tingharuleng
ngaléor
barisan taptu, nilar kalangkang samoja.
Peuntas
ditu, abringan rumaja bulé
pésta
ngaduruk bandéra, Mérah Putih ngabebela
bencar
sakabéh kuburan, usik tulang usik bugang
kapireng
harudang deui tina saban liang lahat
amarah
kagila-gila kahuru hangit bandéra
tinggulandang,
ngabring ti saban kuburan
ngajaringjing
haur konéng, bari hantem ijigimbrang
tangkorak
reujeung tangkorék, ngabaris jeung ngagorowok
“Merdéka!
Merdéka! Ti dieu ti pakuburan tina sajatining markas
markasna
para pajuang, urang ngaduakalian perang campuh
pikeun
nanjeurkeun bebeneran. Merdéka! Merdéka!
Majuuuuu!!!!!!
rabeng tingkalayang
tunggang jangjang séwang-séwang
ngahiliwir
seungit bangké, ngajorag nagri kanguru.
“Merdéka!
Merdéka!” ceuk peureup meuni baruleud
nu harirup
palebah alam ayeuna, alam genah tumaninah
bari anteng
sila tutug, yawang ringkang unggal bugang
(“...,
siapa berani menurunkan engkau, serentak rakyatmu
membéla
...”) hawar-hawar sora tembang ti saban-saban kuburan
teu hadé
sumput salindung!
Ciamis, Januari 1997
Éddy
Rusyana Noér
Sajak Gambar Pangharepan
-(bari émut
ka Kang Tatang Sumarsono)
Gambar.
Piguraning
wajah nu nguger jatining wanci
pikeun
rupa-rupa warna leuwih atra batan
gambar
pangharepan nu ngajeblag
dina kanvas
kahirupan.
Saleuwihna
rohangan simpé nu hamo katara
sanajan mangpirang
rupaning warni
dipulaskeun
sakabéhna.
Sanyatana
aya lolongkrang nu pasti,
ambahan
koas rasa pikeun ngaréka-réka
gurat
sawangan.
Gambar
sajatining gambar harepan,
tuduh jalan
poé panjang; nu dipulas
hideung
bodas dina kanvas kalanggengan.
Ciamis,
03121996
Éddy
Rusyana Noér
Sajak Antara Urang
-keur
Rosyid É. Abby
Urang sarua
keur silanglang
di leuwi
hiang, bari mencrong
salikur
matapoé nu ngagedur
ngaduruk
lemah kadeudeuh.
Naon nu rék
diwakcakeun
mun pareng
aya nu nanya
Saha nu mapandékeun bulan
ka béntang nu laliar peuting?
Sabab gening matapoé nu salikur
muncereng ngemu timburu
Pédah urang ngumbar birahi jiwa
bareng nyaliksik langit karisi,
nalungtik jatining usik.
Urang
pada-pada kalangsu, teu bisa
mépés
kahariwang.
Padahal
getih nu ngabareureuman leuwi
tina tapak
suar kahirupan, can reureuh ngocor.
Ari leuwi
nu ku urang di silanglangan,
mimiti
ngorotan.
Naha urang
rék hantem micangcam bulan
atawa
ngerebek neuleuman simpé?
Ciamis,
03121996
Éddy
Rusyana Noér
Lakuning Laku
-Haturan
Kang Abdullah Mustappa
Ijiran
wanci naralap taya robahna
antara nu
kasampeur jeung ditinggalkeun,
aya kecap
pangwilujeng.
Ngajajarna
wingwilangan harepan mirupa
patok-patok
lalakon sapanjang jalan sorangeun.
Mun lunta,
rangkuleun antara meunang jeung luput
sabada
dibalitungkeun méméh mulang ka sarakan
jati
sungsang.
Ari gupay
pikeun kujur-kujur limbung
nu
ngeumbing jiwa marudah, ngan saukur pangbagéa
sangkan
reueuh sakerejepan; nangtukeun isarah batin
jeung maca
tangara rasa.
Matapoé ukur
cicirén wayah pikeun nu miang
jeung
mulang malikeun simpé, sabab jatining
udagan:
Umur –ukuran panjangna lulurung ka alam kubur—
(naon deui
nu kudu dipadungdengkeun; sabab sajatining
sora
nyalira dina simpé)
Jempé, dibérok
dikepung mongkléng -- leuwih hadé—
sab’ mongkléng
nyeukeutan rasa, nambah awasna
panénjo
batin.
Ciamis,
02121996
Sajak: Éddy Rusyana Noér
BULAN KATIGA
Bulan katiga
kabeurangan
Ngalayang, sorangan
kakalayangan
Panas beurang
tiris peuting
ngésétan bola
katineung
anu nganteng tina
lebah batin kingkin
can kaburu dipulutan
Jeprut mantén: nu nyésa
kari peurihna
ngasuh bulan,
kumalayang
Ciamis,
24071997
Sajak: Éddy
Rusyana Noér
RINGRANG
Acining asih gumulung jadi bangbaluh,
ngaheumpikan duriat.
Jungjunan; lain ngangluh ku
mentrangna matapoé,
tapi hariwang ku layung nu mapag peteng.
Sieun peuting marojengja jeung bulan
susulumputan,
nyinglar purnama méméh datang samagaha.
Maksakeun mépéndé simpé, nimang-nimang lelembutan
nu hantem ngabarungsinang.
‘Na implengan nu kasawang cucuk rungkang,
pirang-pirang kacangcaya jeung rorongkong
iman nu mimiti nulang-naléng.
Haté sungkang manggih beurang
nu baris nembrakeun lampah
Sarining qolbu, gumeter pemeper angen,
saban rénghap nyebat-nyebat asmaning Salira.
Dina amparan sajadah, sujud, sumegruk
ngawakcakeun ketak lawas nu mindeng méngpar.
Kajongjonan ngasah péso kadzoliman
dina lolongkrang katresna jeung cinta
nu langgeng ngantengkeun deudeuh.
Pager pakarangan rasa, rembet
dibeulitan areuy mangsa sésa lampah-lampah bédang:
nyusur waktu nyaliarakan kamunafikan, nyekék tangkal
kayakinan.
Ciamis,
20111996
Éddy Rusyana
Noér
ANJEUN
(1)
Anjeun nu leubeut kadeudeuh
anjeun anu jembar kanyaah
…. dipatri ku welah asih
Dina rasa miraga sukma
anjeun nitip asih nu haqiqi
nunda manglaksa kanyaah
nu natrat ngagurat kadar
sangkan rasa rumasa
maneuh pageuh micangcam
sahiji ngaran:
asmaning asma mépéling diri
Teuteup anjeun….
….pameungkeut paheut kareueus
gupay anjeun, gupay katresna
imut anjeun panineungan
diri anjeun pangharepan
geusan isuk: sajatining pangbalikan
Ciamis, 23111996
|
Éddy Rusyana Noér
BANGBALUH
Hawa kasusah, nyongkab….
hareudang bayeungyang
ngoprot kesang nahan kahayang.
Langit asih pinuh lalangsé
méga rasa lamédong
gurat kayakinan katambias, diri ngoropos
Gumulungna kabingung,…
pikir hangit, mirun seuneu dina dada
gelap dor-dar ting burinyay dina tarang
panon lahir panon batin cumalimba
teu lila….
….ngagebrét hujan cimata, caah kanalangsa
(bédah bendungan émpang kamelang)
Di dieu,…
di tungtung kabingung
di jalan pangharepan nu méh buntu
lalaunan aya geter-geter angen
malipir lalamping ati awor di jojontor
kasono
lebah sédong tikoro, haroshos ngucap
lapadz pegat-pegat
(Bis…mil…lah…hir…rakh….man…nir….rakhim!)
Bismillah pameper angen
panyinglar
aral subaha.
Keur:
Ayu Bérliani Putri Rusyana
Di corat-corét
ku The KLICK Man
Édisi Nov
1992
Éddy Rusyana Noér
MÉLODIÉS
MAOT
Sok hayang ngajéwang bulan, mubat mabét
matapoé
hanjakal éstuning luhur, moal tepi ku
pangajul
Sok hayang ngabédah méga, ngarakrak
rangggeuyan bentang
hanjakal éstuning anggang, hamo kadongkang
ku hontal
Sok hayang nguras sagara, mendet sakabéh
muara
sangkan ngolétrak dadas korédas
ngarah teges tuduh jalan poé panjang
lulurung ka alam kubur
Sok hayang nguyab daratan, nyeuseuh lemah
satangkarak
sangkan ngalangkang unggal hibar
kingkilaban
nu burakrak wangun-wangun pangharepan
bugang dosa nulang-naléng, pasoléngkrah
megat ringkang
Opat juru tihang dunya, mun hadé
dijuringkangkeun
sina urug alak paul, nutupkeun lambar
lalakon
(tibra saré sakedepan, barang lilir poék
mongkléng
sorangan, ngambah alam sarwa ahéng!)
Tungtung poé, 15 Ags. 1995
KLICK man Studio – Ciamis
Éddy Rusyana Noér
SAJAK GUGURATAN
(haturan Kang Agus R. Sarjono)
(Ari nu ngaran manusa, dihirupan sina méta
sungut irung ceuli mata …, dijieun diréka-réka)
Tik pelik purbaning bayu;
hirup sajatining usik
awasna
angseuna
danguna
rasana
teu
ngaboga-boga
ukur do’a:
satékad saniatna
salaku lumakuna
sing diijabah
(satemena hirup ti nu hirup keur nu hirup
nu rék hirup, nu tas hirup; awal ahir
mulang deui ka nu hirup salawasna: Dzat
nu kagungan hirup acining hurip)
Tungtung poé, 15 Ags. 1995
KLICK man Studio – Ciamis
Éddy Rusyana Noér
WANGKONGAN URANG
Wangkongan urang teu kebat
létah kaburu balélo
langit nahnay pulas getih
sagara kahirupan ngagolak topan rongkah
jagat génjlong gonjang-ganjing
méga pangharepan kakalayangan
beuki anggang, anggang pisan
“Naon deui nu rék dipadungdengkeun?”
bulan bencar lebah belegbegna peuting
sedeng diri beuki jero
beuki mebes na leutak kateudayaan
roroésan, taya geusan pamuntangan
regang-regang tingarulang ngajauhan
bari rampak ngawih tembang pileuleuyan
“Wilujeng paturay!” ceuk anjeun bari
rambisak
Mungkas wangkongan megatkeun duriat
lebah keclap tungtung rénghap
Sanggar Nulis KLICK man
Ciamis,
5111995
GETIH AING PULAS TANEUH
(keur Ayu Bérliani Putri Rusyana)
Éddy
Rusyana Noér
Di juru rohangan simpé
nu lawas ngampihan haté.
Manteng ngalenyepan tapak lampah
nu natrat ‘na lelembutan ; hideung.
Lamédong, nékad megatkeun urat-urat rasa
nu salawasna nyaliarakeun gétah jeung
binih dosa
Ngajarajag...
Getih aing pulas taneuh, ka mana
ari beureumna?
Karérét, dina témbok nu lukutan
ngadaplok pigura tineung
sinangling ngaranggeum foto anaking.
Horéng itu; beureum-beureum getih aing
nu bersih disuling batin sucina jiwa
anaking,
muga sing langgeng beureumna dina sungsum
balung anjeun.
Sanajan témbokan dada jeung sungapan
sajatining asal, tambah
caméwék.
Malébér, Désémber 1999
SURAT
Éddy
Rusyana Noér
Song amplop
Gap ditampanan tampanan
Terrrrrrrrrr ...
… haté ngageter
(emut ka anjeun!)
KLICK
man studio – Ciamis
April 1998
SAJAK ASBAK
Éddy
Rusyana Noér
Kuntung hayu, sekar mangga;
kumaha mun kuring siga asbak?
(sok hayang)
Haseup ngelun tina tungtung kuntung;
lunggak-linggek siga imbit bidadari
katepak angina; sakaba-kaba
lalaunan peuyar
taya kecap taya ucap
taya béja panganggeusan
(horéam!)
KLICK
man studio – Ciamis
28
Juli 1995
BANGBAUNGEUN
Éddy Rusyana
Noér
Nyobaan ; nitip asih
nunda kanyaah
neundeun kadeudeuh
(geus loba dipulung batur)
Ngahaja ;
Mais asih
nyeupan kanyaah
meuleum kadeudeuh
(geus asak dijait batur)
bangbaungeun ieu haté;
naha jangji lanca-linci?
(nu leupas tina gedogan,
sok hésé dikadalian!)
KLICK
man studio – Ciamis
Maret 1997
Sajak: Éddy Rusyana Noér
AYA NU LEUNGIT
Karisi mimiti nyiki, rimbil
dina lémpéngan daging minuhan lalamping ati.
Ngacambah jadi binih karumasa
nu neba jeroeun dada.
Lain teu wasa ngawakcakeun; ka Salira.
(Salira Maha Uninga)
Lain mungpang gurat kadar
palias nebihan Salira: Paralun!
Dina diri, karasa aya nu leungit
ku alatan salah nunda.
Na di mana mustikaning jati?
Méméh raga dipénta mulangkeun sukma,
hayang timu heula jeung kasatiaan.
Sieun, sieun sungsang pati kuring
sukma teu mulang ka Salira.
Kotamanis,
Januari 1997
Sajak: Éddy Rusyana Noér
BANGBARA HIDEUNG
Bangbara hideung; nu mindeng euntreup nyeuseup kembang cinta,
hanaang lawas teu manggih madu kaheman. Pulanganting ti mumunggang
ka tegalan, ti gunung ka gunung séjén nyungsi sari-sari asih
dina saban putik kembang. Tapi kembang-kembang tresna nu marangkak
éstuning sungapan garing. Tina bingung, bangbara
hideung marurung. Nu ngahiung lain sora humariring, tapi
jerit batin liwung. Bangbara hideung ngadaweung handapeun
tangkal campaka nu keur gering jeung mimiti ngarangrangan, gilig niat
musjamédi ngadadago mangsa datang campaka kembangan deui.
Ganti poé pasilih beurang jeung peuting, bulu Bangbara hideung boléas
kapanasan kaibunan. Duka bulan ka sabaraha, campaka renung
sirungan tepi ka hibar kembangan, nyambuangkeun seungit asih
kareueut madu kahéman. Sapasang nyiruan taman oléng tresna
sabada nyeuseupan madu, tatangkeupan sosonoan: papuket
Ragrag ka lemah ninggang Bangbara hideung
nu keur depa; sabada mesatkeun nyawa.
Ciamis,
23111996
Sajak: Éddy Rusyana Noér
DI PUPUNCLUT NANGGORAK (I)
Dua kali
nincak pupunclut Nanggorak
Kahiji;
baheula mangsa rumaja
teu kungsi
nunda carita,
kadua; ayeuna
mangsa umur condong ngulon
karasa aya nu
béda
Di pupunclut
Nanggorak
lila niténan
kuriling bungking;
Batukaras beulah
kulon tepung jeung
Gunung
Galunggung nu ngajega
maseuk dayeuh
Sakapura,
béh kalér
Gunung Cireméy
nu ngeumbing
tatar Kuningan,
beulah wétan
Nusakambangan
ngambang na
beungeut sagara,
ka kidul mah
paul-bodasna laut
nu ngeplak ngagurat
langit
Di pupunclut
Nanggorak
aya nu ngajak
galécok;
angin
gunung
langit
laut
matapoé jeung
sakabéhna
sangkan éling,
geusan
maluruh
lakuning kujur
nalungtik
jatining usik
Pupunclut
Nanggorak
mémang lain
Jabal Rahmah atawa Raudoh,
tapi keur
kuring taya bédana …
pikeun nyawang
saban pangparatan rasa
nafakuran
kaagungan Salira
Nanggorak,
Désémber 1996
Sajak: Éddy Rusyana Noér
PANGANDARAN MALEM ‘TAUN
BARU’
Langit lénglang diawur béntang. basisir beuki haliwu
ku kandaraan jeung jalma nu teu reureuh nganteg,
kawilang
hésé malik heurin usik; lir daray asinan layang
ngarédés saamparing basisir.
Jumegur ombak awor jeung gumuruh musik tina tip
jeung ti diskotik
ngayun-ngambing lelembutan nu keur sasar, hanaang
ku kani’matan saliwatan
parat satungtung deuleu horeng kujur- kujur
limbung. Tengah peuting bulan tilu parapatna ngangkleung luhureun embun-embunan,
manco ketak mangpirang-pirang lakuning manusa nu ngabayak di basisir; ti
Cangkrungan parat ka Pamugaran.
Wanci sagiclek deui --taun baru--, dina detik nu
panungtung
jam dua welas pas, ngahéang sora sirine ditéma ku
sora kandaraan, sora klakson, sora tarompét, jeung sora-sora séjéna awor -- ngagederkeun
ceuli parat
kana haté jeung jajantung --
Malem Taun Baru, ngahudang sagala ....
Langit, laut, katut basisirna ngadadak ngempur;
mangsa réwuan kembangapi
Tingbelesat ka wiati rabeng ka jomantara
ngahibaran mumunggang mangsa
jeung sukma-sukma marudah nu keur tibelat,
kapidangdung indung peuting, raga nu pasoléngkrah ditinggalkeun jatining rasa
nu kalimpudan kabungah. Poho ka asal jeung rereged mangsa ka tukang. Jep,
jempling--ciciren wanci baganti--.
Taun anyar, haté asa sumérédét karék inget yén
hirup aya tungtungna, jero dada aya kahariwang, jerit batin gumalingging
murubut hujan cimata nyeungceurikan catétan lampah lamédong lambaran taun kalarung.
Tina rasa pangtungtungna aya kulisik jatining hurip, jati sungsang ngageterkeun lelembutan sukma
jempling sakedapan tumerap rasa kasieun: sieun isuk poho ka poé kamari, sieun léngkah
kasasar nebihan gusti!!!
Pangandaran tungtung taun 1996
Sajak: Éddy Rusyana Noér
TEU KUDU BINGUNG
Teu kudu bingung ku pacul
traktor geus ngaburudul
étém songhék samping rabét
hijikeun jeung parang rompang
kurungan make dudukuy
garu, garit, gasrok, jeung wulukuna
alat nyawah kumpulkeun jeung anu séjéna
nu karitu geus katinggaleun zaman
unggulkeun tengah kotakan urugan ku jarami garing
hég duruk tibatan bingung ngampihkeun
lumayan lebuna ngurangna subsidi gemuk
Teu kudu bingung ku usum
cai curcor, binih unggul, racun
hama
tepi ka harga gabahna geus di atur ku ti luhur
tong maliré anak incu nu leungiteun tatapakan
geus taya hartina barudak apal macul babaladah
mindoan, ngaloyok, ngagaru, ngagarit
tebar, daut, tandur, ngarambét, ngayuman
nyalar, dibuat, gadéng, gacong, gogorontong
pocong, bondot, gédéng, sangga. Éstuning taya hartina
mending titah sarakola diajar sagala rupa
sangkan singer palalinter
teu kagaley pangaruh robahna zaman
Teu kudu hanjakal ku mangsa
nincak abad millénium, pan
patani meujeuhna sugih teu hantem
ngaruru daki, rarapih maraké dasi
mun kawerat meuli Mérsi, bari teu poho ka Maha Suci!
Ciamis, Mei 2001
SAJAK SUMPAH
Éddy Rusyana Noér
Saréréa,
mahat tulang séwang-séwang
ngukir balokan kapeurih
nu ngajeblag pulas getih
‘na rohangan saban dada
(“Kami putra-putri Indonesia, mengaku….”)
Harita,
ngagolokgok ngagolontor ti saban genggerong
muncrat ka lemah tambaga
ngahuru sumanget
Kiwari,
méh ngabangkarak; deudeuh teuing nu hara’at
kapahung palebah usik
Jaga,
naranggeuy roncéan kembang
maca mangpirang tetengger
di kuburan jero dada nu gudawang;
bugang sumpah butatayan
rorongkongna dipanjang di saban kantor
( r é i n k a r n a s i ?)
KLICK man Studio, 10-9-‘95
RUAS
JALAN KAHIRUPAN
Éddy Rusyana Noér
Mangpirang harepan rabeng ngajamparing
niruk saban lolongkrang harepan, najan
manglaksa kateudayaan hantem
meulitan gondéwa jamparing batin
kapireng ngolébat deui lebah implengan nu
tadi
hanjakal kéncaeun haté, tarahal jalan
sorangeun
can wasa nyawang mangsa; nu ngabulungbung
bras
ka pajaratan, “Gusti… geuning diri nu
buligir, katalimbeng!”
ruas jalan kahirupan éstuning hésé dibadé
sungkan tepung sedeng awak sataranjang
nu ngeumbing jiwa marudah micangcam
pirang-pirang harepan
roroésan lebah tungtung katumbiri silanglang
di leuwi hiang
mépés haté, ngumbah rasa, meresihan sasebit
kahayang
sangkan buleud kayakinan ka Dzat nu murbéng
alam
‘sab hirup teu weléh jéér, lain teu kabita
ku jabar
atawa péés nu salawasna di luhur, di mana
waé éstuning iklas
asal aya dina rido-Na, gerentes haté
leutik
ti sajeroning dumadi wening.
KLICK man Studio – Ciamis 2000
Éddy Rusyana Noér
SABABAK CARITA DI NUSA PAKÉL
(haturan téater Jagat Kawali)
Dina liuh-liuh pinus
sisi sawah biwir situ
nusa disimbut halimun
sapoé sapeuting, rumaket
jeung ngaliglagna alam
nu kawilang daria. Dua nusa silih teuteup
silih teuleuman kadeudeuh, lebah ulekan kanyaah
gumulung jatining asih salega umpalan cikahuripan.
Biwir situ gurat kadar pulas kayas, kembang taraté
ngabayak marangkak sapanjang sisian takdir
nusa urang séwang-séwang.
Matapoé cumorérét, beulah kulon
langit ngempur hurung nangtung
basa kalong tinggeleber, haliber
rabeng tina jero dada urang.
Dina belegbegna peuting
ngacacang ngumbar lamunan
tunggang jangjang kahariwang
mupu béntang satangkeupan,
“ … assolatu horium minannaum!!! “
mapag beurang Nusa Pakel mimiti ngulisik deui
angina leutik ngahiliwir leuleuy nawurkeun
tineung.
Pabeubeurang, parahu nyiriwik
nyuit kulit beungeut situ. Basa mulang
nusa, situ,sawah, langit, jeung sagala
ngemu rusiah. Lebah pengkolan panungtung
ngaliwatan tetengger kuburan, haté ngadadak galécok
“Sabaraha deui jatah umur urang?”
Sajajalan, kabayang pucuk hanjuang
semu leuleuy ngagupayan.
Nusa Pakél Panjalu, 190995
Éddy Rusyana Noér
BANGKARAK KAHIRUPAN
Bangkarak kahirupan ngahunyud jeroeun dada
pagalo jeung runtah pangharepan; mirupa calana bolong,
kaos kaki, kaos oblong, sapatu rajét, cangcut butut,
sawaréhna, ngampar handapeun ranjang kateudayaan
dipaké sayang cucurut. Lebah dieu, léngkah mindeng ti solédat
marengan zaman nu angar, alam dunya asa kawilang harénghéng,
bebeneran katalimbeng, hukum dijualbeulikeun, bugang moral
butatayan , birokrasi pajeujeut, hirup diayunambing kateupastian
palu hakim mindeng mabok, tampolana sidang di parapatan, sisi jalan
émpér toko, kios roko, warung baso nambahan unggulan kapeurih
bangkarak kahirupan jero dada sewang-sewang; racun keur anak incu
Zaman ‘instan’, umur ‘instan’, “Deudeuh anaking, mangka iyatna!”
Na sajadah aya sétan, “ … hayalassolah … hayalassolah … ”
masih aya cikarak; geuwat wudu
aya kénéh batu démprak, gancang solat.
KLICK man Studio – 190995
Éddy
Rusyana Noér
SAJAK PAMEPER
ANGEN
Bissmillahirrahmanirrahim …
(Bismillah pamepeper angen)
Bismillahi
Rahmani rahimi
(welas asih – Na)
welas asih
(saha, nu saha, ti saha, keur saha)
ha?
(?)
(mana, nu mana, ti mana, ka mana)
na?
(?)
(aya dina rido – Na)
KLICK man Studio
Ciamis, 27 Juli 1995
Ciamis, 27 Juli 1995
Éddy Rusyana Noér
SAKOTRÉT CATÉTAN TI PANYAWANGAN PANGHÉGAR
(panineungan pra-kongrés
V ams haturan Kang Endang R.S.)
Dina méja nu taplakna bodas nyacas,
lilin ngajajar cahayana linduh sarohangan
nyaangan parasmanan, kayaning: bistik,
sop buntut, spagéti, capcay, jeung naon
deui
réa nu teu apal ngaranna.
Ngariung jeung inohong Bandung
di panyawangan Hotél Panghégar.
Biduan sampulur
ngahaleuang ‘Bubuy Bulan’
pamundut kang Érwin
di pirig ku tingkeletrékna sora péso
kana piring alas.
(Kang, bistik téh geuning liat, daging
sapi
atawa kuda? Jeung ari ieu naon siga citajén,
majar sop burung ala Éropa?
(Euleuh geuning alun-alun aya di kalér?)
’’Kapan tempatna nu muter dusun!“
(Naha kira-kirana ieu moal runtuh?)
Hébat lur, di Bandung aya nu kieu.
“Bandung urang!” ceuk Kang Uu Rukmana bari
ngadayagdag.
(Kang, kuring mah hayang dahar, da di
lembur mah dahar
nu jiga kieu téh keur dahar mayor ngaranna.)
Kacipta, lamun Si Bungsu harita milu
Leuh, céplakna.
Bandung, 4 Désémber 1993
Éddy Rusyana Noér
CIAMIS
Ciamis,
Mojang manis rambut panjang galling
muntang di makuta Gunung Sawal
Halis nu ngajelér ti pamoyanan tepung di
situ Panjalu
Mirupa kongkolak panon nu nyumiratkeun
carita sajarah
Lalakon lawas tin sela-sela lelebna
paneuteup
Biwir ipis pinuh kakaren sésa kajayaan
Galuh
Nu diserat natrat na batu tulis di Kawali
Jalan-jalan urat kahirupan paturangteng
seueur lombang
Jeung tatambalan mirupa solokan saat
Lebah dada jantung kota iklan rokok nu
masieup pendopo jeung gedong dewan
Masjid Agung saamparan Taman Raflésia
Udel anjeun puseur kajayaan Ciung Wanara
palebah Karangkamulyan
Rahim suci geus medalkeun kota Banjar
Nu merejel tina robahna aturan
Pingping bitis nu sampulur
Dampal
suku tepung jeung basisir laut kidul
Masih
rorombéheun kénéh teu kabujeng kaparios
Sesah milari resép perda anyar
Sesebitan gosip di sambung-sambung jadi
mozaik informasi
Mojang manis nu di murah-maréh
Harepan nu ngajamparing katalimbeng
Mojang manis kapahung palebah usik
Saha nu tanggung jawab?
Kota Manis, 18 Juni 2006
GURAT KADAR
Éddy
Rusyana Noér
Tihang-tihang kahariwang
pataréma jeung leungeun
harepan
nu teu weléh ngaragamang
ti saban lolongkrang Isola
na tangkeupan saampar
taneuh Lémbang
néréptépkeun binih kembang
nu marakbak marangkak
sirung atikan
ti langit murudul kembang
malati jeung émawar
nyawér haté nu guligah
hasil maksud metikbuah
kabagjaan,
“Subhanallah!” muka lawang
gurat kadar
léngkah anyar nu pinuh ku
kayakinan.
Rohang
Pasca UPI, 290588.
AYA NU BÉDA
(catetan mulang ka lembur)
Kénging: Éddy Rusyana Noér
Taun kali;
meneran aya papait, lebaran, atawa hajatan
kulawarga
karék mentingkeun mulang rurusuhan, asa
diudag-udag anjing édan
alatan pajeujeut jeung rupa-rupa kaperluan
nu lain caritakeuneun, rumasa kariweuh dijieun ku
sorangan
Basa harita mulang;
aya nu béda, ingetan kabawa lampar ku jorélat
gupay daun jagong
nu ngabaris sapanjang sisian jalan, ngaplakna
sawah nu kaliwatan
rohaka ngajak rasa ngaguar catetan mangsa keur
budak
Inget kénéh;
sapanjang solokan éta mindeng pisan nguseup
beunteur, marak udikan,
ngarempyég hurang gérémé, milu nyair nyomotan lauk
tina sair kana korang
saban nini rapih nyérogkeun sairna, sabangsaning;
sepat buhun, betik, paray,
kalan-kalan nu beunangna oray kadut karawu jeung
jukut murungkut
Lebah palangkakan walungan cagak;
pangojayan, hanjat mapay darmaga metikan buah loa,
katulampa, lajagoah
jeung amismata, parat ka tungtung lembur tuluy
mupu kilalayu, ngerag-ngerag
buah salam, moal poho kana rasa bungbuahan nu
kadahar mangsa budak najan
létah mindeng murak durén montong, léngkéng
bangkok, apel fuji, pir yéli, jeruk sunkis jeung mandarin, mipit huni
satangkeupan dilolocok dina bungbung
dirujak jeung boros combrang rasana unik teu éléh
ku rujak cuka,
gado-gado, salad atawa jaksin cina
Sampalan peuntaseun jalan;
éta mah pangangonan, tarurun tina tonggong munding
maraén gangsing, gatrik,
gobag solodor, barén, atawa maén tekosan, kaulinan
harita leuwih resep
batan golf, ténis, baskét atawa bola karanjang
meneran munding garuyang, brak maruka timbel nu di
bungkus upih jambé
resep balakécrakan leuwih ni’mat batan di diréstoran
atawa dina hélatan
manjing asar méméh mulang mulung rangrang lumayan
sahurun suluh
ngabeberah haté indung sangkan hawu tetep hurung
bari ruhay
teu kungsi ngamodal minyak tanah atawa élpiji
Sila tutug luhureun salu talupuh;
pipir goah nyocol sambel nu ngalimed, peda
buntung, jéngkol ngora,
ngariung sakulawarga teu ribed saperti dina rohang
méja makan
Silihsampeur méméh magrib;
maruru ka tajug leutik, silihwuruk jeung ngaderes,
taya nu nyingsal ka dugem atawa asup diskotik,
cukup narakolan bedug
bada isya migawé péér sakola, dadapangan dicaangan
damar téplok
meuntas sapertilu peuting diajar tahajud, mulang
bada salat subuh,
mantuan indung
sasapu saméméh nyarap, rebun kénéh geus pamitan ka sakola
lain tumpak mobil sédan, leumpang opat kilo méter
bari ngungkug
palias telat di jalan kuriak disetrap bapa kapala atawa
palaur dihukum guru
nu kacida di piajrih pantes digugu ditiru lain
dipaké timburu
Gusti.....
tutungkusan laku karalung catetan lampah keur
budak hamo kaalaman deui,
hésé palér najan geus nyanghulu ngalér
Ciamis, Agustus 2007
ANJEUN
NU DITEUREUY KACEUCEUB
(In
Memorim for Wiji Thukul)
Kénging:
Éddy Rusyana Noér
Anjeun
nu leukeun nyaliksik kapeurihna jalma leutik
Tetelepék
kana saban-saban haté jalma kéré
nu
lawas nyangkéré teu kapaliré
ku pangagung nu adigung
Daria anjeun tumanya ka unggal sungapan
rasa
jalma-jalma nu katalangsara
ngeunaan kahayang maranéhna
nu katalimbeng
nyungsi jatining asih nu meulitan batin
kingkin fakir miskin
Tuluy anjeun ngotrétkeun eusining laku
kalarung
jeung lolongkrang poé panjang
jadi pirang-pirang sajak
keur
nembrakkeun kanyataan nu cénah matak pamali
mun kabuka balaréa sab wiwirang keur
pangawasa nu ngarasa kumawasa
narima pirang-pirang panggeureuh nganggap
anjeun biang kaririweuh
anjeun
teu reureuh tambah maceuh
tatag nyarita hantem muka-mukakeun kadzoliman
jeung kateuadilan
Anjeun jadi inceran curuk pangawasa nu diisaratkeun
ku rayapna mata-mata
pisir bedil jeung samakta aparat nu
ngabarungsinang
Anjeun terus bajoang najan ngaran anjeun
geus digurat mangsi beureum
anjeun tambah deukeut dipimeumeut bulutaneuh
dipikanyaah cacah nu katidersa
dipiasih buruh leutik nu lawas ngemu
kapeurih
Kangewa pangawasa geus teu kaampeuh amarahna
ngagulidag teu katadah
anjeun dianggap nyebarkeun fitnah
nyababkeun rayat barontak
jadi wani demonstrasi
Anjeun pinter sumput beling jeung aparat nirca
nu teu boga rasa kamanusaan
Anjeun diteureuy
kaceuceub
lir disumputkeun jurig ilang teuing ka
mana
leungit teuing ka mendi
ku saha?
Anjeun nunda carita catetan sajarah
salawasna baris nyangkaruk na kalbu
nyelap na manah ngampih salebeting ati
nyaliara mapay urat-urat rasa
ngahudang rasa rumasa
ti
sasama
Ciamis, Agustus 2007
HEUHEUY DEUDEUH
(Teu Merenah)
Kénging: Éddy Rusyana Noér
Bos Ageung ngagégag:
disarengan putra buahna nutur-nutur biang
sampéan
bras ka Bunihéhéh Désa Sadanaros lirén
sakedap di bumina Mastaka Desa
Omhang di balémalang:
disarengan pun bojona sabada ngamulah-mulih dinten apok
meungpeung socadinten teu ngeureujeup
Disuguhan tuang:
rencang sangu kawilang rantak ti kawit
pais imbit meri
endog soca sapi, lapis ilat domba, goréng
sampéan hayam, pindang manah
guramé, sop tuur munding, jéngkol anom, lalab kunir sami-sami
biang panangan
Ngaleueutna:
cai enén suam-suam tanggay
ngumbah baham ku jeruk babaran Garut
Ciamis, Agustus 2007
IMAH
Éddy Rusyana Noér
Tumpukan rahab kahayang
ngahunyud saampar lelemah rasa
minuhan tolowéngkar nu teu weléh burahay
ngahuru embun-embunan
Hayang imah
impian urang duaan
wujud harepan tina gurat-gurat sawangan
mirupa gambar bagja
nu diwangun ku ungkara waktu
Manahoréng
sigrong téh ukur teuteupan
saleuwihna
ngalangkang rohangan simpé
imah balé balitungan.
Belender, Januari 2009
TANJUNGSUKUR
Éddy Rusyana Noér
Di mumunggang nu nenggang
ngarandeg
sarénghapan malikan léngkah ka tukang
mapaykeun tineung sapanjang tarahalna jalan
harepan
sarénghapan deui nyoba nganjang ka pagéto
ngabibita haté nu teu weléh marojéngja
ngawawaas isukan ...
... mun kapireng hiliwir angin katingtrim
nebarkeun binih asih
muka lawang pangabetah
di Tanjungsukur
sarakan
anyar katincak
muga mawa tawekal
nyungsi diri
ngalap barokah.
Tanjungsukur,
Januari 2009
ÉMAWAR JEUNG DUA JIWA
Éddy Rusyana Noér
Ligarna émawar éndahna
rasa
kukupu
nyeuseup madu
émawar oyag-oyagan
semu teu iklas
Basa bulan ngarandakah
émawar ngagalindeng
ngabeberah dua jiwa nu keur mongkléng
mangsa madu asih maranéhna
muncrat saharita
Émawar mireng muguran
dua jiwa
nyandang kahariwang
Ciamis, Novémber 2001
ASIH NU NYÉSA
Éddy Rusyana Noér
Basa haté kabulusan cinta
ngadégdég
Haneut moyan
sahaneut paneuteup jeung
imut anjeun
sanajan ukur implengan
Ramo-ramo kasono ngagupay
lir oyag daun kihujan
meruhkeun rasa nu pangtungtungna
Kareungeu
galindeng anjeun ti kaanggangan
nyaliarakeun deudeuh
mapay urat-urat jajantung
asih nyesa sanajan méh ngabangkarak
Ciamis, Novémber 2001
SAJAK TEPUNG TAUN
keur: Ayu Bérliani Putri Rusyana
Éddy Rusyana Noér
Umur anjeun panceg lima taun.
Petétan bagja ngarandakah
jero taman pangharepan
sapanjang
sisian haté.
Kadeudeuh
jeung kanyaah
salega amparan sukma.
Anaking: Imut anjeun, genclong
sorot soca anjeun meruhkeun
ketug jajantung mépés
saban
kahariwang.
Ijiran
wanci laju
mingkin
samporét.
Kanyaah
indung
harepan bapa
natrat ngagurat
sangkan anjeun
tinemu bungah
jeung bagja
salawasna.
Éta pangdu’a nu iklas keur anaking
pupuden
haté kembang soca
beubeulahan nyawa indung
jeung bapa
Ciamis, 6
Desember 1996
BALAKA
Éddy Rusyana Noér
Basa urang tinggéléhé
aya kecap nu ngabéntar haté
anjeun wakca kapaksa ngagadé rasa
midua cinta
Saharita
najan dada ngagolak
raga katali rumasa
Murudul bangkarak trena
ninggang dada nu gudawang
tulang-taléng pasini asih
raclik nurihan sanubari
angin haliwu nyaliarakeun biukna tatu
Janari leutik hayam réang kongkorongok
natalépakeun béja
yén asih aya nu ngagunasika
Ciamis, 02111996
SAJAK DURIAT
(keur: Nur J.M.)
Éddy
Rusyana Noér
Teu kedah ku lisan
létah mindeng tisolédat
cekap ku geter haté
sab asih téh jero alahbatan laut
Hamo tepi ku panggero!
Ciamis, 21091999
KABEBASAN
Éddy
Rusyana Noér
Niténan lauk
nu ngagéboy jero aquarium
Ras ka awak
nu ngalénghoy
jero alam karaméan
Taya bédana
pada-pada ditalikung
Sab kamerdikaan
ukur jadi kacapangan!
Ciamis, 12101999
GEDER PASUNDAN
(keur: N’ko Cs)
Éddy
Rusyana Noér
Ulah tumanya soal sunda ka urang Sunda
sab urang Sunda geus teu nyunda
hadé kotéktak tangkarak jagat
paluruh lulurung waktu
baca baris-baris buku
aya béja ajén Sunda
leubeut di nagri Walanda
N’ko ...
aya kacinta?
gederkeun dayeuh Pasundan
Ciamis, 01092000
SAJAK HIJI NINI-NINI
(Sabada Nongton Berita ’na TV)
Éddy Rusyana Noér
Hiji nini-nini
nangtung lanjung
teuteupna kosong
sepa, ngabigeu
nyaksian saung bututna
digusur
jongko tagogna dibedol
dipaksa dititah nyingkah
Hiji nini-nini
saurang tina sapirang-pirang
dulur urang, jalma leutik
nu katidersa, nu dirobeda
nu kasiksa, nu dinaha-naha;
nu hirupna teu leupas tina cocoba
Hiji nini-nini
nu geus saateun cimata
nyeungceurikan nasibna;
“Naha bener kuring kaasup
bingbilangan
di antara maranéhna atawa
hirup kuring
saukur jadi bangbaluh?”
ceuk gerentes haténa
Hiji nini-nini
nangtung lanjung
teuteupna kosong, pasrah
ngadadago poé isuk
poé-poé balitunga
mangsa sagalana; bakal
nembrak!
Ciamis, 09091996
GAMBAR JIWA
(Keur: Gilang Raja Putra Rusyana)
Éddy Rusyana Noér
Poé isuk; gambar sataranjang
teu kaungkara piguraning wayah
rajétna haté kakucek rupaning warna
pulas rasa nu teu weléh marojéngja
gumulung jadi mangpirang
gurat sawangan
mirupa tapak koas dina
kanvas tan wangenan
Ya Allah
taya nu nyumput mungguh Salira
sedeng batin nu teu weléh
ngajangjawing
campuh jeung kahariwang
rupa-rupaning cét getih
mimiti kintel ngagibleg
hideung lamédong
Aya gerentes nu leungit
lebur satengahing
jempling
Sapasang paneuteup
mimiti ngahaneutan jiwa
ngalumérkeun bekuna haté
nu méh ngabangkarak
dina gambar sataranjang
Teu kungsi ngarti teu perenah
apal
keur naon dijieun diréka-réka
sakabéh nu aya dina awak
sakujur
geus teu ieuh dipiwanoh
Laun-laun
gambar jiwa butatayan ngabangkarak
marengan musnahna gurat
kaangkuhan
Batin jumerit mangsa ramo-ramo
kasono
hantem nanceb-nancebkeun patok
bates waktu
balitungan, sajero muter ingetan;
poé isuk
geus teu bisa
kagambarkeun!
Ciamis, 07052006
TANGKUBANPARAHU
Éddy Rusyana Noér
Ti tutugan nyurungkuy
muru pupunclut
lir magma nyurungkeun napsu
tina ulekan pangharepan
nu ngagolak
mudal na tungtung
embun-embunan
bakal muncrat jadi nanah lahar
katugenah
mun kahayang teu kaburu katedunan
Sajajalan mapay tanjakan tarahal
sapanjangna aspal ruksak
pinus, angin, tongérét
ngawurkeun panalék
awor ngajak padungdengan
Anjog ka nu dituju matapoé
tuturubun
sakubeng lumbung halimun
siga ngahaja ngajak
salingkuh
nyumputkeun sagala ketak
jeung laku-laku kalarung
anu mindeng kapidangdung
Samar-samar
sakuriling jurang
jungkrang nu nangtawing
mirupa céda gudawang
sapanjang sisian haté usak-usik
kahariwang
Méméh mulang
kabayang kalangkang bangkarak
dosa
bari rusuh rerencepan
mupus tatu
ngubur pirang-pirang
kahanjelu
dina taringgulna
batu-batu
Nyorang pudunan
mimiti karasa aya nu béda
dada kebek ku rasa rumasa
hamo kaungkara ku basa
Tangkubanparahu
jadi saksina
Ciamis
– Lémbang Januari 2009
SAPULUH
OKTOBER
Éddy Rusyana Noér
Getih!
Ciamis, 10102000
DIAH RUSYANA
Éddy
Rusyana Noér
Sabot Diah milang ringkang
macaan lalakon lawas
sajajalan padungdeng jeung lelembutan
Rarancang éndahna hirup
burakrakan sakabéhna
Katiga jeroeun dada
nu halabhab ku kanyaah
matapoé ngaduruk embun-embunan
Sapanjang jalan hirupna
bet rungseb ku cucuk rungga
Léngkah Diah nu marudah
ngarandeg na tungtung rénghap
sorangan nyawang sorangeun.
Diah lunta terus lunta
nyukcruk lamun nyiar sugan
nimu rorotékan tresna
Beurang peuting panas hujan
keur Diah taya bédana
nu karasa ngan saukur katunggara
Anjog ka lebah sampalan
sajorélat aya kelemeng kalangkang
ramo-ramo kasono mimiti ngeleter deui
sagara cintana nu lawas ngolétrak
beueus katinggang hujan
implengan
nyiram awak sataranjang
laju sasar ka alam anyar
kasorang
Ngulisik éling
Diah sadar yén hirup ngudag
lamunan
matak ngarajétkeun haté
ngaruksak awak sorangan
mending mulang ka sarakan
jatisungsang
mapay jalan kanyataan nu
natrat nyampakkeun bagja
“Moal salawasna peteng!“
ceuk Diah bari rumahuh
dina sela rénghap anyar
Ciamis, 20081995
SAJAK KALANGKANG MAOT
Éddy
Rusyana Noér
tina
lolongkrang simpé
kasawang
malakal maot
ngalangkang
hideung
bodas
gurat
kahirupan
wates
katangtuan
meruhkeun
karajaan napsu
reg
ngarandeg
jalan carita
nu fana
jero
alam nu lamédong
melengkungna
luhur langit
antara pasaran
nu ngakut
kujur
dibeulitan
boéh rarang
kahanjakal
geus taya guna
dina
ngadadago
kaputusan
nu
haqiqi
?
Kotamanis, Désémber 2007
NYUNGSI
Éddy Rusyana Noér
demi nu ngarana cinta
harepan ngajaul
ngaprak rohang jeung waktu
nyusur juru-juru arbain
muru darajat
nu luruh tan wangenan
nembus karajaan alip
nyungsi
kakasih sajati
Kotamanis, Januari 2007
DI PUPUNCLUT NANGGORAK (2)
Éddy Rusyana Noér
nyorangan
di Nanggorak
ti punclut mumuntuk kawilang luhur
témbong sagala
atra melengkungna langit legana sagara
jegur ombak
haréwos angina
dilenyepan sakabvhna
nyorang
dimabok kacinta nisbi
éndah dunya
ngan sajorélat
nawurkeun kani’matan semu
nyora
haroshos manjatkeun do’a
ngajujut riwayat jeung kasadaran
kasono anu
haqiqi
tingtrim dina rangkulan
welas asih-Na
Nanggorak, Novémber 2007
ANJEUN (2)
(keur Diah Rusyana)
Éddy Rusyana
Noér
kuring apal tur sadar
sakuduna mikacinta
sarta
ngamulyakeun
anjeun
dukateuing atuh
kalan-kalan kuring metegreng
padahal
sajujurna
anjeun geus kawilang leuwih
babakti tur ngabdi
ieu kuring
nu karék bisa cacarita
can perenah prak
méré tuladan
hampura
sok sugan
ku
pangampura jeung kamurahan anjeun
manten-Na
ngahampura
jeung
méré kamurahan
nuduhkeun jalan
ka surga
nu
geus diasupan anjeun
leuwih ti heula
Kotamanis, Fébruari 2007
NAHA CANGCAYA
Éddy Rusyana Noér
remen
kuring nepikeun kajujuran
jeung
kaikhlasan
anjeun
taya bédana
cangcaya
atawa
teu percaya
teu nanaon
abong sifating manusa
tongboro
ka
kuring mahluk nu laif
jeung
bebeneran nisbi
ka
Allah sareng rosul-Na waé
nu nepikeun
bebeneran nu haqiqi
masih kénéh réa
nu
teu percaya
Ciamis,
Maret 2007
NYIAR KABAGJAAN
Éddy Rusyana Noér
Naon nu ku urang dipilari
salami ngambah sagara?
Parahu waktu
hayu urang bawa balabuh
di darmaga kanyataan
Jungjunan:
urang tangkeup
tangkal-tangkal
kabagjaan
urang pupu
buah-buah pangharepan
Ciamis, Désémber 2008
NYALIKSIK
Éddy Rusyana Noér
sapertilu peuting
nyaring
dumeuheus ka Salira
ngalangkungan roncéan do’a
nu palid ku gulidag cimata
aya kaéra
nyumput dina ati sanubari
mangpirang panalék
pangakuan-pangakuan
ditembrakkeun
ngaliwatan kajujuran
taya jawaban
sigana ngahaja teu ngajawab
atawa
memang pantes teu kudu dijawab
satuluyna
jaga
naha sanggup
nepungan Salira?
Ciamis, Maret 2007
KAHARIWANG
Éddy Rusyana
Noér
kahariwang
maksa batin
ngaprak rupaning warna
nembus wates
rohang jeung waktu
antara samar teu katambias
hideung bodas
nawurkeun pananya
ngeunaan kayakinan jeung kacintaan
anu mindeng dibohongkeun
tepi ka ngabingungkeun
nyasarkeun
meulitan katangtuan
leungit rupa
dina kateudayaan
di mana anjeun
Rob?
Ciamis, April 2007
Biodata Pangarang
EDI RUSYANA NOER
Lahir di Ciamis 20 Juli 1966, resep nyerat
ti kawit SD, kantos ngadegkeun sanggar nulis The Klick Man. Taun 1999 dilélér layang pangajén Penyair Muda
Pinunjul ti LBSS. Dina taun 2000 janten nominasi widang puisi LBSS, taun
2004-2005 pinunjul katilu widang sajak LBSS. Sajak-sajakna dimuat dina Galura,
Manglé, Pikiran Rakyat, Ganésha, Népada, SéMA. Sapalih lebet dina Sarebu Sajak
Sunda kenging Ajip Rosidi, jrrd. Ayeuna teras aktif nyerat. Tugas sadidinten salaku Kapala SMPN di Ciamis. Aktif di organisasi profési ogé kamasyarakatan,
di antawisna PGRI, KNPI, BKKNI, AMS, MDI, sareng sajabina. Janten Redaktur
sareng Pingpinan Umum Tabloid Pendidikan GANESHA, Majalah SéMA, Pingpinan Umum Galuh TV. Gaduh bojo geulis
kawanti-wanti someah kabina-bina wasta Diah Rusyana, tos puputra Ayu Bérliani
Putri Rusyana geulis ngala kaibuna sareng Gilang Raja Putra Rusyana manis oge ganteng kalem ngala ka ramana. Sapiri umpi sami-sami
resep tur micinta kana seni sareng sastra. Tara ngukut kabingung atawa miara
kasusah, hampang-himping hirup taya bangbaluh. Dumuk di RT 05/09
Lingkungan Belender, Kelurahan Malébér, Kecamatan/Kabupaten Ciamis. Kode
Pos 46214
Judul Buku: GETIH AING PULAS TANEUH

